Lompat ke isi

Antologi Basa Sunda - Sasakala jeung Pangajaran Muslim/Bab 17

Ti Wikipabukon
[ 186 ]

XVII.
KITAB TASAOEP.




FRAGMENT.

§ 1. Ari lètah tèja, anoe matak diajakun koe Allah Ta’ala di oerang, èta nja èta soepaja ngalobakun dikroe’llahi Ta’ala, djung soepaja dipakè getol matja Koer’an, djung soepaja noedoehkun ka sakabéh kawoela Allah Ta’ala kana djalan, anoe matak datang ka Allah Ta’ala, ka nagara akèrat. Djung dui lètah pikun ngadjak kana migawè kahadèan djung pikun njaram kana migawè kagorèngan, djung soepaja manèh munang nganjatakun koe lètah tèh ka karep, anoe aja dina hatè manèh, karep doenja atawa akèrat.

§ 2. Ari raksaunnana lètah tèh, nja èta tina dalapan perkara. Sahidji, lètah tèh koedoe diraksa, oelah dipakè bohong saenjana, atawa bohong banjol; èta pon oelah baè. Karana ari bohong huruj tèh, ana dibijasakun, matak mawa kana bohong enja. Koe sabab èta gus ngalahir Imámoe’lGhazzálí, rahhmatoe'llahi Ta'ala: Ari bohong tèja indoengna sakabèh dosa gedè. Kadoewa, lètah tèh oelah dipakè tjidra kana djangdji, tegesna, manèh tèh, samangsa djangdji, koedoe sampoernakun; oelah sok njalahan, anging lamoen sabab manèh laroerat atawa sabab manèh hantu kawasa. Katiloe, lètah tèh oelah dipaké ngoepat djalma. Ari hartina ngoepat tèh, nja èta oepama manèh ngomongkun djalma [ 187 ]ditoekangunnana. Pada hal lamoen kadèngèun koe èta djalma, anoe diomongkun tèh, tangtoe murun guluhun. Saroewa baè djung anoe diomongkun koe manèh sipat kakoerangan dina badanna atawa dina pagawèannana, atawa dina agamana, atawa doenjana, atana dina papakèannana atawa dina imahna, atawa dina sato-hèwanna, atawa dina salijanna tidinja. Èta sakabèh omongan enjana anoe gus diseboet tèh ngoepat ngaranna, sarta matak djadi lalim. Sanadjan enjana pangdiomongkun tèh, pon ngoepat baè ngaranna. Kaopat, lètah tèh oelah dipakè mèra, tegesna njela kana omongan, sarta madoean, toer ngabenerkun manèh, djung oelah dipakè djidal, tegesna, papadoean dina mas’alah ilmoe sarta datang ka ngaloewarkun karana dalil, djung soepaja ngèra-ngèra ka batoer padoe tèja, djung oelah dipaké moenaqasjah fi’lkalámi, tegesna madoean kana omongan batoer. Karana èta anoe tiloe matak njeri angen, djung ngagègèlo dungun, djung njela omongan dungun, sarta moedji manèh. Ari kitoe petana tèh ditjegah koe Sara’ Kangdjeng Nabi. Kalima, lètah tèh oelah dipakè ngabersihkun manèh, oelah dipakè moedji manèh. Kagenep, lètah tèh oelah dipakè ngala’nat, tegesna, oelah ngagogorèng kana sakabèh dadamelan Allah Ta’ala, djung oelah njarèkan kana sakabèh anoe didjadikun koe Allah Ta’ala. Kitoe sotèh, lamoen ditangtoekun, saroewa baè anoe digogorèng atawa anoe ditjarèkan, manoesa, atawa sato-hèwan, atawa batoe, atawa kajoe, atawa sunu, atawa tjai, atawa sapapadana salijanna tidinja : saroewa baè djalma islam atawa kapir, anoe ditangtoekun. Bèda-bèda, lamoen oemoem : maka nja èta hantu naon-naon, saperti lahir Allah Ta’ala, anoe diseboet dina, Koer’anoe’l’atlim : La’natoe’llahi ’ala’lkáfirina atawa la’natoe’llahi ’ala’lkádzibina. Tatapi ari oetamana mah oerang tèh nja oelah baè ngala'nat kana naon naon ogè. Katoedjoeh, lètah tèh oelah dipakè ngadoe'akun kana sahidji mahloek Allah Ta’ala kana kagorèngannana, sanadjan nganiaja ka manèh, pon oelah baè ngadoe’akun kana kagorèngan teh anggoer koe manèh serahkun baè èta pagawéan èta djalma ka Allah Ta’ala. Kadalapan, lètah tèh oelah [ 188 ]paké mizahh, tegensna banjol, djung oelah dipaké soekhrijat, tegesna, oelah dipaké ngomong huruj, djung oelah dipaké istihzá bi'nnási, tegesna, ngahinakun ka pada manoesa pada hal huhurajan. Karana èta kabèh anoe tiloe perkara ditjegah koe Kangdjeng Nabi.

§ 3. Djung dui, ari butung tėja, anoe matak diajakun di manèh, koedoe diraksa, oelah dipaké njatoe anoe haram djung anoe soebhat: koedoe dipaké njatoe halal. Ari anoe halal tėja, nja éta kaja oentjal, djung sapi, djung sapapadana, anoe bunang moroan ti luwung, djung sakoer anoe bunang ngala tina kakaian di luwung, kaja sagala poepoetjoekan atawa dangdaoenan, djung sapapadana, kaja bunang ngali ti goenoeng, kaja emas atawa salijanna, djung poesaka-poesaka, djung bunang dagang, djung bunang njawah atawa ngebon, djung arta djakat, djung panjidekahan-panjidekahan, djung tina hadijah-hadijah, djung pamèrè, djung sapapadana. Ari anoe haram tēja, saperti babi, djung barang bunang maling atawa bunang ngarampas, djung barang riba, djung arak, djung ladang arak, djung salijanna tidinja sagala anoe haram. Ari anoe soebhat tèja, nja éta barang anoe sak kana halalna djung kana haramna, tegesna, anoe hentu tètèla halalna djung hentu tètèla haramna.