Lompat ke isi

Antologi Basa Sunda - Sasakala jeung Pangajaran Muslim/Bab 4

Ti Wikipabukon
[ 72 ]

IV.
DONGÈNG NOE BODO KAPINTERAN KOE NOE PINTER.




§ 1. Aja hidji awéwé, gus nini-nini, ngaranna Nini Mentring, lemboerna di Tjikorobokan, djadi badéga lebé. Eta nini-nini Mentring boga kasakit njeri mata, saoemoer-oemoer bélék matana. Eta Nini Mentring gus aral koe kasakitna heniu daék ijagur, aral soebaha ka Pangéran bawaning koe gus karénjéng, hajang tjara batoer-batoer, matana bareresih, ari aing tjélétré baé saoemoer-oemoer. Tidinja Nini Mentring bral lumpang saparan-paran. Demi nepi ka imahna Ki Soeralaja, urun rék nanja pioebarunnana. Dasar-dasar Ki Soeralaja lohong ngabanjol: ari ngomong, darapon pok, tara ngoengang-ngoengang pibenerun. Djung dui Ki Soeralaja tara njeboet tu bisa, tu timoe; masih tu bisa, iu timoe, tu njaho, demi aja noe nanja, njaho baé, timoe baé, bisa baé, tara daék éléh hodjah.

§ 2. Tidinja srog Nini Mentring asoep ka imah Ki Soeralaja; ari tjarék nini: Sampoera-soen noe neda urun. Tjarék Soeralaja: Rampés, nini, kadiju katengah imah. Boes nini ka imah, roetjang-ritjeng toeroeg-toeroeg ti noe tjaang los ka noe poék, rada ripoeh nini kapoékan, roempoe-rampa. Pok ngomong: Bo agoes, sapoerwa kaocela anggang-anggang néjang, djaoeh-djaoeh ngadjoegdjoeg, dukut njampurkun, sedja kaoela neda ditambaan iju njeri mata. Tjarék Ki Soeralaja: Na, koemaha kasakit nini? Tjarék nini: Iju mata [ 73 ]kaoela saoemoer-oemoer basuh baé. Tjarék Soeralaja: Èh nini, sakitoe-kitoe baé mah, gampang. Sug, kaoela méré pitoedoeh. Tapi nint koedoe iklas, sarta lamoen enja nini pertjaja ka kaoela. Pjarék nini: lklas kaoela mah, soepaja tjagur baé. Naom oebarna, agoes? Tjarék Soeralaja: Gampang, nini, oebarna mah; moal koengsi nijijar, gus aja didiju. Tjing, koela njuung kasakit téh.

§ 3. Sug didjuungan, gus katéndjo, gus kaharti kasakitna, Ari Warék Soeralaja: Iju mah kasakit nini taja dui pioebarunnana kadjaba koe leboe, dipoeroeloekan. Ari tjarék nini: Koe naon baé, agoes, oebarna mah, tu borong agoes baé. Sor leboe diwadahan: Top, tah, nint; leboe koe nini baé poeroeloekkun. Kaoela mah moa! hadè; bisi doraka, sabab nini mah kolot, kaoela mah boedak. Top leboe koe nini; poeroeloekkun koe nini koe manèh kana mata. Tjoer, golèdag baè nini kapaéhan bawening purih, datang ka tjindoel. Ari sabotna nini kapaèhan, Ki Soeralaja mikir-mikir: Koemaha aing pidjawabun ka nini? Mangkè, samangsana èling, tangtoe nini moal hantu ambek ka aing. Gus kapikir pidjawabun, Ari nini inget, bari midangdam tjurik, bari njarèkan ka Ki Soeralaja, njangtjarèk tèh: Tangkoerak sija, si atah adol, naha aing dipodaran koe sija? Kabina-bina tuing. Abong-abong tu baraja. Rék diarah banda mah, aing tu gadoer. Sakalian paloe baè hoeloe aing; top, njawa koe sija gura rampog.

§ 4 Ari tjarèk Ki Soeralaja: Aèh nini, mengkè hulaan; oelah wara njarèkan kabina-bina tuing ka kaoela. Kapan tadi ogè ditanja koe kaoela, tjarèk kaoela: Koemaha, nini iklas djung pertjaja ka kaoela. Tjarèk nini iklas pertjaja. Djung duina kaoela ngaloeloehoeran, ngalalangkahan ka niai. Guning, nini koe manèh baè. Leboe dipoeroeloekkun kana mata koe nini baè, lain koe kaoela. Ari kaoela tèja wani sotèh papatah jèn moedoe koe leboe oebarna, sabab kasakit nini basuh tjaian dina biwir mata. Ari noe mangka wani mèrè pitoetoer jèn koe leboe, gus loewang kapoengkoerna, gus djadi panajogèan pisan, Sarèrèja sami pada oeninga, jèn [ 74 ]oebar leboe téh. Papalajun tai kotok karék tjlok kana paloepoeh, woer leboe, harita kénéh ngadak-ngadak toehoer. Murun nini ogé oeninga jén kitoe. Panjana kaoela tjara éta, basuh-basuh, leboe noe matak djadi toehoer.

§ 5. Tidinja ngangkahoeng, nini tjurik bari noengkoepan mata, njangtjarék téh: Abong-abong, mata aing disasaroewakun djung tai kotok, toeroeg dileboean, tambah-tambah njeri baé. Djaga di imah moal hantu papatah nini ka intjoe-intjoena: Èh baroedak, sija poma papatah aing, regepkun. Lamoen manéh kataradjang sagala kararaan, poma oelah aral soebaha ka kersa Pangéran, da gering koe pangersakun, tjagur koe pangersakun. Dulu, bisi tjara aing. — Tidinja goak tjurik Soeralaja bawaning koe ruwas, djung papatah ka anakna, ka doeloerna: Baroedak djung adi kaka, téndjo iju lakoe-lampah. Poma tuing oelah daěk tjara kami, tu bisa, ngabisa-bisa manéh, tu njaho, nganjaho-njaho manéh, omong orowodol, lampah tu diriksa. Poma manéh oelah tjara kami.

Tamat.