Lompat ke isi

Antologi Basa Sunda - Sasakala jeung Pangajaran Muslim/Bab 5

Ti Wikipabukon
[ 75 ]

V.
DONGÈNG DJALMA LAHOETA.




§ 1, Aja hidji djalma, ngaranna Ki Djagabaja; ari ngaran lemboerna Tjipadakasih. Ari pagawéannana tani, njawah melak paré. Tapi saban rék njamboet sawah, saméméh prak mitembejan, bral njaba ka noe baluhngar, ngandjoek oewang djung papakéan. Ari noe ditjajakun, parė, djaga bunangna njamboet téja. Ana sug makaja saban taoen, tu kaoer bubunangan, balas dihakanan hama burit, hama bagong, hama koengkang, hama lembing, hama bebeloek, moenggoeh katoran. Tidinja boga kaomongan: lju aing degar-degér makaja, kantoen hoetang baé ngadjedoer. Ari pakaja tu bubunangan, hama burit. Diala buritna, manan béak anggoer buki réja; hama bagong nja kitoe kénéh. Sagala hama tu kadjaga baé.

§ 2. Tinja njaloekan pamadjikannana djung anakna: Iju aing rék péksi. Ka maranéh aing téh rék kaoel. Iju pakaja lamoen munang toedjoeh tjaeng, pakaoelan aing ménta dihakan maoeng. Kadangoe koe malaékat; saoer malaèkat: Njakseni sakahajang manèh. Ari gus kitoe sagala hama tu aja, loeroes, parè aloes, datang ka dipiboewatan, dipoé, dipangkék, toeloej digugus sakali, toeloej ditoempoek, sarta djedjeg baé munang toedjoeh tjaéng. Ari tjarék anakna: Bapa, parè téh guwat baé akoet ka lemboer, djung dui bapa sing éling kana kasaoeran bapa. Ki Djagabaja srénténg matek bedog: Tah, oedjang, téndjo, sukut bedog bapa. Les [ 76 ]bae bedogna lungit pada sakala. Hoeleng Ki Djagabaja, soesah djung mikiran piomongun.

§ 3. Hentu lila datang maoeng koembang noe hidung téja, djol, gok kaharupun Ki Djagabaja. Ari tjarék Ki Djagabaja: Na, rék kamana sakadang maoeng? Ari tjarék maoeng koembang: Ki Djagabaja, kapan, na sampéan lu éling kana kasaoeran, jén sampéan kaoel, makaja lamoen munang toedjoeh tjaeng, sampéan ménta dihakan maoeng. Ari tjarék Ki Djagabaja: Enja, oerang ménta dihakan maoeng, tapi da, lain maoeng hidung. Ménta sotéh dihakan, da koe maoeng burum. Ari tjarék maoeng koembang: Karah lain koe kaoela. Bral maoeng koembang, balik, soep ka noe bala sisi sawah Ki Djagabaja. Ari tjarék Ki Djagabaja: Toeh, baroedak, guning maoeng téh bunang koe aing dipatjikuh.

§ 4. Tu lila djol datang maoeng burum. Tjarék Ki Djagabaja: Rék kamana sakadang maoeng? Demi tjarék maoeng: Kapan, pakaoelan sampéan kaoela ték ngalaksanakun. Ari tjék Ki Djagabaja: Da, lain ménta dihakan koe maoeng burum, da, koe maoeng toetoel. Les maoeng burum, djol maoeng toetoel. „Da, lain koe maoeng toetoel, da, koe maoeng rawoen.” Les maoeng toetoel, djol maoeng rawoen. „Da, lain maoeng rawoen, da, maoeng hédjo.” Les maoeng rawoen, djol maoeng hédjo. „Da, lain maoeng hédjo, da, maoeng bodas.” Les maoeng hédjo. Tinja: Aduh, iju luwung téh warna maoengna. Aja kabèh, tapi rasa-rasa moal aja maoeng bodas mah.

§ 5. Tu lila rentang maoeng bodas témbong. Geledeg Ki Djagabaja loempat, karepna rék njoempoet kana goeha. Barang boes Djagabaja kana goeha, maoeng téh gus aja didjero goeha. Bidjil dui Djagabaja, kaloewar, njoempoet kana batoe bulah. Barang boes, gus bèh dui maoeng téh. Loempat dui Ki Djagabaja, balik dui ka saoeng, gus tjoenggakgok, di saoeng maoeng bodas téh. Ari tjarék Ki Djagabaja Nja, lob maoeng bodas. Hoeleng: Ah, pèk baè, sakadang maoeng. Tapi koemaha? Pada-pada kaoela rék dihakan koe sampéan, kaoela téh takdir jén dihakan maoeng [ 77 ]atawa lain? Ari tjarėk maoeng: Takdir onaman lain; koe doeméh paménta manéh baé kitoe. Tidinja Ki Djagabaja regoeh tjurik harupun maoeng bodas sarta tobat ka Pa- ngéran, djaga-djaga dui hamo pisan-pisan boga omong lahoela, omong tu saroewa djung batoer.

Tah, sakitoe karoeroepaannana noe lantjang lahoeta. Djaganing-pagéto oelah lahoeta. Lamoen omongan sarta lamoen pakaoelan, oelah tjara Ki Djagabaja; koedoe omongan anoe pantes, moepakat djung sasama batoer-batoer.


Tamat.