Antologi Basa Sunda - Sasakala jeung Pangajaran Muslim/Bab 6
VI.
DONGÈNG DJALMA KASALAHAN DULU.
§ 1. Aja hidji djalma, oerang pigoenoengan, ari lemboerna di kampoeng Djolak, ngaranna Bapa Biloek. Ari gawéna njadap, njiun goela. Djung dui éta Bapa Biloek pamadjikannana doewa, sarta disalemboerkun, imahna paharup-harup, baléna hidji, disangharupan koe doewa imah. Ari éta Bapa Biloek saban-saban datang ka luwung kana tangkal kawoeng, ari diljokot lodong-lahangna, gus kosong-kosong baé. Tinja Bapa Biloek garétékun bari goendoeng-gendeng: Na, saha djalmana noe sok maling lahang? Tinja Bapa Biloek balik ka lemboer, bébédja ka pamadjikannana, pok-pokannana: Pamadjikan, lapoer-lapoer baé lahang téh dipaling. Ajuna aing rék njiun baroewang. Lamoen tatjan bunang mah, tatjan poewas baé. Aing moal waka-waka balik, lamoen tatjan bunang mah.
§ 2. Pék njiun baroewang, broes kana lodong, bral kana sadapan, ngaitkun lodong, bral ka panggoelaan, njoempoet. Ari waktoe gus diusi lodongna, datang aoel bikang, maling lahang. Toeloej éta aoel wuru, kapaéhan, ngabrakakak dina sigaj, huntjutna tjanduwok, awakna sagedé djelema, roepana tjara djelema. Ari gus waktoe njadap, toeloej Bapa Biloek kana sadapan. Ana diténdjo kana loehoer kawoeng, gus ngabrakakak si aoel. Ari tjarék Bapa Biloek: Toeh, noe sok [ 79 ]maling labang téh bunang. Tangkoerak sija! Paroekat-pariket ditjawet-tjangkèk, kalatjat naék. Demi datang kaloehoer: lih, awèwè karah bangsat téh! Bapa Biloek mikir-mikir: Iju noe maling, awèwè, lain lalaki; sapira-pirana tanaga awéwė. Ana dipikir-pikir, karoenja: Ah, anggoer koe aing dièwè. Gaprock keleted; inget baè si aoel, Bapa Biloek ditangkup, lèjos dibawa kana loehoer tjadas dina joeroeg. Ari pok-pokannana: Apa Iloek, akang aing ajuna montong kapalang djadi salaki kami baè; tjitjing didiju, baranghakan mah koemaha kami. Tinja djadi asoep siloeman.
§ 3. Aoel betah baè mangtaoen-taoen, datang ka boga anak hidji. Dingaranan anakna lalaki Si Djamaoel. Ari mangsa harita Bapa Biloek gus inget ka djaman sorangan djung ka pamadjikan doewa; tinja Bapa Djamaoel tjurik. Kadèngè koe Amboe Djamaoel: Naha Bapa Djamaoel tjurik? Hajang naon, mènta naon? Pok baè, moal kakoerangan sagala-gala; Amboe Djamaoel sipatna. Ari tjarèk Bapa Djamaoel: Tjurik sotèh, lain koerang baranghakan, ngan inget basa di djaman, resep ngoentaj indjoek, njiunan tambang. Ari tjarèk Amboe Djamaoel: Sakitoe-kitoe baè jurik, gampang: indjoek mah rėja. Bral Amboe Djamaoel ngala indjoek, tu lila ingking mawa sawidak kakab. Deker Bapa Djamaoel ngoentaj. Demi gus pandjang bunangna ngoentaj, toeloej ditambangkun, mudjuhna pandjangna nepi kahandap. Golongan dui, regoeh dui tjurik, koe hajang gura bral balik.
§ 4. Tjarèk Amboe Djamaoel: Naha, koe naon tjurik? Hajang naon? Ari tjarèk Bapa Djamaoel: Tjurik sotèh, sok inget ka djaman: dadaran tèh koe ngunah, njotjolan oelam batoe. Ari tjarèk Amboe Djamaoel: Sakitoe-kitoe baè mah, gampang. Oerang ngala baè ka girang, kana batoe noe tara kasorang-sorang koe batoer. Tjarèk Bapa Djamaoel: Tjing, bral, atoch gura ngala. Djung boedak bawa, sok tjurik hajangun njoesoe. Bral Amboe Djamaoel lumpang. Demi Bapa Djamaoel hajo ngoeloer manèh koe tambang, toeroen. Gedjlig, geledeg, loempat, balik, wantoe-wantoe sono ka pamadjikan. Boes ka noe kolot, pèk nganggo, tu raos; pèk [ 80 ]ka noe ngora, tu raos dui. Tinja gèk baè ngadawung di balè, bari koetoek gendeng, njangtjarèk tèh: Ih, bating tuing boga pamadjikan doewa, tu saaoelun hidji raosna. Tu lila datang Amboe Djamaoel, njoesoel, bari ngais anakna. Djol, sok boedak tèh kana lahoenan Bapa Djamaoel. Top Bapa Djamaoel: Tah, Si Djamaoel, kami njèlèhkun. Ari Amboe Djamaoel balik dui kana tjoeroeg.
Tamat.