Babu Kajajaden/BAB I
I
Kuring datang henteu ngabejaan heula. Ngahaja hayang "verrassen" manehna. Ngabohong kuring nyebutkeun indit ras jig teh, dadaku niat ngadadak. Da saenyana mah geus dicileuk ti behditu keneh. Ti barang datang ka Bandung, balik ngalongok manehna, genep bulan ka tukang.
Lontar nu nu jadi bubuka guntreng kuring sadatang-datang teh. Lontar nu kasampak ku kuring keur diilo ku manehna. Cenah tamba kesel di imah ngan ukur kadua bujang, ditinggalkeun ku kolotna ka Surabaya geus dua peuting.
Tuluy papanjangan, da kuring nyebutkeun geus apal ti bubudak keneh kana sisindiranana mah, "peso pangot ninggang lontar" teh. Lontar nu ceuk manehna daun siwalan, kakara bisa ditulis lamun geus garing. Masih keneh prah di Bali mah cenah, dipake awig-awig atawa kakawen, wawacan. Terus nyaritakeun eusina, lontar nu keur dibaca ku manehna. Cenah petikan tina Ramayana, palebah minangsaraya ka Sugriwa, nambak sagara, ngabedah Alengka, nepi ka beunangna deui Sinta.
Saregep pisan nyaritakeunana teh, mani kawas nyaritakeun lalakonna sorangan, manehna Sinta-na. Kuring mah heueuh-heueuh bueuk bae, da teu resep. Resep soteh nanggap manehna. Nu matak di ayonan bari lulucon bae.
,,Salah ceuk engkang mah Rama teh, cacakan titising Wisnu
Manehna ngarandeg. Sakedapan neuteup ka kuring, nepi ka kuring teges bener kana cureuleuk panonna.
Beuki dihajakeun ku kuring teh. Hayang nyaho kumaha pipokeunana.
„Geura", ceuk kuring: „ongkoh dibelaan sarakah, kuru kuru-lang-kuriling, Tara-balangsak henteu dirasa, ari geus beunang diduruk, ... lain salah, tah?"
Bangun pohara henteu sapukna manehna malt, ngadenge pok-
pokan kuring kitu ka Rama teh. Boh sikepna, boh ucapna, ngadadak beuki saregep, nepi ka siga nu rek nawajuhan ka kuring teh.
„Engkang," pokna sanggeus sajongjongan ngahuleng: „Rama ku anjeun mah henteu waswas, henteu mangmang ka geureuha teh. Waspada anjeunna mah kana kasucian Sinta. Anu mawi sanaos diduruk oge moal teurak. Nimbalan ngadamcl pancaka soteh, kangge ngayakinkeun anu canes, bilih diantawis pangiring aya nu mangmang. Atanapi parantos kaaos ku kawaspadaan anjeunna, aya nu gaduh emutan kitu, dumeh kantos aya taunna geureuha dikungkung musuh, Rahwana. Kari-kari ku anjeunna diangken keneh geureuha."
„Ke heula," ceuk kuring. Keukeuh hayang naker kapanggeran manehna. „Naha atuh ari Rama waspada mah Jatayu ujug-ujug dibunuh? Kapan eta teh anu mantuan, nyoba-nyoba ngarebut Sinta ti tangan Rahwana, lain?"
Aya keneh bae kateranganana teh. Cenah, „eta mah engkang, diva saat Rama diwisesa ku gogoda, gugup. Jatayu ujug-ujug dipanah soteh. Didamel lantaran Jatayu manjing sawarga, diteteda-keun ku Rama, saparantos soleh deui manahna."
Kayungyun kuring ku cara manehna ngabela pahamna. Lain ku alesanana. Lain ku kateranganana. Eta mah asup ti kenca, bijil ti katuhu bae di kuring mah. Kayungyun soteh ku petana nyarita. Manehna nu carang takol, biasana nyarita saungkab peundeuy, naha da mani ngadak-ngadak capetang ngababar Ramayana mah. Galindeng sorana anu mepende kuring mah, lain dongengna!
Manchna ngahuleng sakeudeung. Pok deui: „Naha lara sangsara Rama aya taunna teu cekap, kangge bukti, engkang? Naha eta sadayana, peperanganana bari meh-meh nyorang kadeseh, kirang keneh?”
Ditetelakeun ku kuring ka manehna, memang : enya mahal pameulina Rama bisa ngarebut deui Sinta teh. Embohna tina sedih-prihatin, lara-sangsarana Rama sorangan teh, ngahudang perang tutumpuran deuih. Leuwih ti kitu, ari geus kacangking, Sinta kudu nyorang labuh-geni, dilalara ku rasa teu dipercaya. Ditimburukeun ka musuh bae, cindekna mah. Ari geus tutas eta kabeh, mulih ka nagara, naha atuh ahirna teu burung sasat ditundung, diasingkeun nepi ka riwayat kapaksa pegat?
„Tamat engkang, sanes pegat. Riwayat Sint enggoning ngalakonan darma, tamat. Darma dianggo lantaran tamatna lalakon Rama ngabasmi rereged bumi; buta murka nu sok harak ngagalaksak. Eta ongkoh nu dianggo taroh perang rongkah ngabedah Alengka oge saleresna mah, engkang. Sinta didamel lantaran numpes rereged jagat, sipat murka hiri-dengki, hasud-takabur sareng sabangsana. Sinta diasingkeun ka nu suni, saparantos lami linggih di nagara. Eta oge nuduhkeun kapunjulan Rama ti manusa biasa, salebet kumambang kana darma teh, engkang. Jalaran abdi-abdi keukeuh patingkecewis lami-lami mah, ngupat Sinta pedah nyorang lami di tangan musuh.
Rama titising Wisnu, engkang, nu darmana ngaraksa kateng-treman nagara ngurung katengtreman angen abdi-abdina, dunya katut pangeusina malah. Tangtos kedah kituna, nyingkahkeun Sinta nu jadi lantaran timbulna sangkaan nu lain-lain.
Henteu pambengan kangge Rama mah, da sanes nyingkahkeun lantaran geuleuh, namung kajurung ku nyaah. Nyaah ka geureuha, ulah jadi bubulanan kaawonan, bari welas-asih ka abdi-abdi, ulah sina boga bahan keur goreng sangka. Da Rama mah waspada, sapertos nalika miwarang ngadamel durukan bae, kasucian Sinta [ 18 ]moal tutung ku timburu, moal teurak ku panyangka...."
Lucu ku keukeuhna manehna mageuhan pamanggihna, paham cecekelanana, adeg-pamadeganana.
Tapi leuwih lucu deui keur kuring, ku bangun beuki conggahna manehna ka kuring. Dibawa nyaritakeun nu kitu mah, kawas nu poho manehna sok asa-asa sari era ku kuring teh. Duka upama pedah poho manehna sok asa-asa sari era ku kuring teh. Duka upama pedah harita mah di imah euweuh sasaha, nu kudu diragangan, pikaeraeun.
Nu matak beuki pogot bae kuring mah nanggap manehna teh. Beuki ngahajakeun nyundutan tangtunganana.
,,Tetela kitu payusna ratu titising Wisnu mah,” ceuk kuring ngawahan heula minangka ngomberanana, rek nyuntrungkeun ku: tapi... keur engkang mah mending keneh Rama nu luas ngepeskeun makuta, ngabelaan kasukaan....”
Teu kungsi dikebatkeun, kaburu ras boga rasa kalepasan kuring ngaheureuyan teh. Inggis matak ngagasruk mamaras rasana. Rada reuwas malah kuring kalangsu kitu teh. Rama nu ku manehna sakitu diagungkeunana, siga dipuja malah, ari ku kuring sasat dipepehek.
Tapi, alhamdulillah. Kawasna mah manehna leuwih ti apal ka kuring. Kahartieun, yen lain kitu dasar maksud carita kuring harita. Buktina manehna anu disangka arek henteu ngeunaheun teh, kalah ka ... ngadelek ka kuring, bari nyebutkeun: ,,Biasa pisan engkang mah ari tos lulucon teh!”
,,Sedana Yoga” ku manehna mah disebutna poe eta teh. Poean kuring datang nyampak manehna eukeur nyorangan. Manehna nu cenah beda ti sasari ingetna ka kuring. Manahoreng kuring geus keur di perjalanan tangtuna oge.
,,Heug naon ari Sedana Yoga teh?” ceuk kuring.
Cenah poe nu pangalusna. Poe nu teu tangtu meneranana, lantaran kudu diitung heula ku ahlina. Bari tuluy manehna nataan sarupa-rupana kajadian nu jadi tanda-tandana.
Cenah, kuring datang lir gubrag ti awang-awang. Nyampak meneran manehna keur cuang-cieung sorangan. meneran deui gubrag kuring harita teh manehna keur ngilo lontar. Heug meneran [ 19 ]pisan palebah bedah Alengka, tutasna papancen Rama, Sinta kacangking.
,,Naon deui?” ceuk kuring. Teu tahan mengkek kayungyun, hayang kedal.
Manehna ngahuleng sakeudeung.
,,Eta deuih,” ... pokna bangun asa-asa.
,,Naon?”’ ceuk kuring asa ganggarateun, gantung denge.
,,Engkang tara-tara ti sasari ngabasakeun ,,Ni”....”
Karasana ku kuring lain eta saenyana mah nu rek dikedalkeunana teh, ngan bangun heurin ku letah, dilebotkeun bae ka dinya.
Kuring teu hayang ngalelekan naon nu saenyana. Ongkoh kaburu inget, enya deuih kuring kakara harita ngabasakeun kitu ka manehna teh. Manehna keneh asana nu ngajalanan mah, ngan poho deui lebah nyaritakeun naon. Inget ketah, kuring keneh nu ngamimitian teh. Nanyakeun ngaran bujangna, awewe waktu nyodorkeun cai. Ngajawabna make ditembohan ku: ,,Mun di urang mah ni sareng I teh Nyi atanapi Nyai sareng Jang atanapi Ujang,” cenah.
Lebah manehna nyebutkeun ,,mun di urang mah’’, kuring kayungyun teh deuih. Manehna pituin urang Bali, ngan kungsi lila ngumbara di Bandung, ti keur kelas tilu H.LS. nepi ka tamat F.K.S. Ari harita kadenge ku kuring, manehna pituin urang Bali teh pok deui bae ngaku ,,di urang.. nu kuring!
Ti heula kungsi deuih manehna nyebut kitu teh. Waktu kuring jeung manehna balik ti Tabanan tas lalajo ngadu hayam, tajen. Pedah nyebut ,,Telenges urang Bali mah, ngadu hayam dipesoan, nepi ka loba nu bangkar!”’ Manehna nyental, magarkeun teh: ,,Di urang oge engkang, domba diadukeun, dipaksa disurung-surung, aya nu dugi ka coplok tandukna ongkoh!”
,,Enya tapi da teu disina nyoren bedog domba mah!” ceuk kuring.
Manehna henteu nembalan. Nyeh bae seurl, sari nu ngeunah asa punah ngahualkeun kitu ka kuring.
,,Ah ...,” kuring rek nyebut "bid’ah”, teu tulus. Tulusna: ,,Keur engkang mah, sapanjang urang reureujeungan, Sedana Yoga kabeh!.’ [ 20 ]Manehna keukeuh: ,,Henteu engkang, da kedah kapendak ku ahlina, kaungel dina pakemna, puguh galurna.”
,,Aya paririmbonna?” ceuk kuring, seuri.
,,antenan aya mah, ageman para Balian,”’ pokna.
Kuring beuki panasaran: ,,Naon Balian teh?”
,,Dukun.”
,,Dukun lintuh?....”
,,Pamali engkang, ari sasaur-saur teh,’”? pokna bari saregep deui. ,,Balian Sandi, dukun lepus, nu ngagem Usada, lontar-kasusastran. Aya Usada Rare, perkawis kasawat murangkalih. Aya Usada Kacacar, ngeunaan kasawat cacar. Aya Usada Dalem, elmuning kasawat lebet. Sareng Usada Budah, rohaniah. Sadayana oge sumberna tina galur Kalima Usada sareng Buda Kecapi. Dukun nu ngagem Usada disebatna Balian Usada. Nu teu ngagem eta Balian Tatakson.”
Kuring unggeuk, bari nambahan: ,,Di mana-mana oge aya dukun mah. Nu bener lepus, manjur jampena, aya. Nu sabalikna oge teu kurang-kurang, nu tadi ku engkang disebut dukun lintuh.”’
Panjang keneh sigana picaritaeun manehna mah urusan dukun alias balian teh, ngan ku kuring ngahaja disalenggorkeun ka nu sejen. Ka nu sakira teu mamawa kapercayaan. Satengah menta dikeurseus bae terusna mah kuring teh. Keurseus basa. Nepi ka terang ka nu sok disebut ’’Nyoman’’. Cenah anak katilu atawa pangais bungsu. Malah dipake nyelang ngoconan heula ku kuring mah, ngaheureuyan manehna disebut ’Ni Nyoman!” Nu disebut Wayan” anak cikal, cenah. ’Made”’ panengah atawa anu kadua. Ari ’’Ketut”’ bungsu, cenah.
Terang ka ngaran adegan di pakarangan imahna beulah Wetan, Bale Dangin cenah disebutna teh. Candi nu diimahna, Sanggah, Pura cenah ari ngaran umumna mah. Aya Pura Banjar, aya Pura Desa, aya Pura Agung jeung Pura Subak di sawah. Irigasi cenah, harti Subak teh.
Beuki lila beuki jauh ti imah nu dipake jejer guntreng kuring duaan teh. Da anteng, betah. Teu karasa ieuh los-los kana urusan Perbekel, nu cenah asalna pisan Perebekel, nu dibere bekel atawa nu dibekelan. Kapala desa atawa lurah, kuwu, mun di urang mah, [ 21 ]ari Kliang kapala adat. Kapala distrik atawa wadana di urang disebutna Punggawa, manca minangka camatna. Da teu aya kacamatan cenah di Bali mah, nu aya Bendesa bae, kapala para Perbekel.
Raja Bali disebutna Anak Agung, nu tuluyna jaradi “‘Zelfbes-tuurders’’. Ari Zelf bestuurder Klungkung baheulana cenah Maharaja Bali, ngabawah para raja anu loba. Disebutna atawa gelarna Dewa Agung, terus nepi ka harita, kitu nelahna.
Aya Sangkepan anu hartina kumpulan. Paruman hartina konperensi, sabangsa seba, para Punggawa jeung Zelfbestuurder nu ngabawahna. Ari Paruman Agung cenah kumpulan atawa konperensi dines para Zelfbestuurders jeung B.B. Walanda, nu mingpinna Residen, biasa diayakeun sabulan sakali.
Naon atuh nu teu dicaritakeun? Da nyaritakeun naon oge resep jeung manehna mah. Kitu biasana, naon bae nu kapanggih, kapanggih, kadeuleu atawa kadenge. Nepi ka ngaran-ngaran poe oge: Soma, Anggara, Boda, Waraspati, Sukra, Saniscara jeung Redite teu kaliwat diobrolkeun. Cara itungan taun, Oton disebutna, nu umurna 210 poe, genep bulan nu disebut Kuningan, Kerelut, Uye,Wayang, Landep jeung Witeiga, nu umurna saban-saban bulan tilu puluh lima poe.
Tara, tara ngaleunjeur ieuh, mawur kitu bae, da nu diarah oge guntrengna!
Kagiliran kuring ngadongengkeun papanggihan di Gilimanuk. Nyaritakeun nu tarurun tina mobil Dodge hideung herang ngagenclang. No. D.K. ... poho deui, da teu dicatet.
Nu inget mah daweung-dangongna, budi-parangina kawas lain si itu si eta.
Jut turun, rada nguliat sari nu ngabatek awak. Bangun nu mamayu nangtung, cangkeul dina mobil.
Nu sejenna, dua awewe geus tengah-tuwuh, katilu mojang nu ku sangkaan umurna sedeng manceran dina wewelasan.
Anak Agung”... ceuk nu ngaharewos ka baturna, gigireun.
Supir nyokotan koper galede tina mobil. Katut babawaan lianna, besek jeung jingjingan hoe. Atuh nu kakara datang tuluy ngagimbung bae muru nu iuh, handapeun tangkal angsana sigana [ 22 ]mah.
Mobil nu pandeuri datangna, reg eureun. Teu tenget ka saurang-urangna ka nu tarurun tina mobil eta mah. Lantaran kaburu nenjo nu "wawuh", nu turun pangheulana ti hareup, gigireun supir. Remen katenjo di Gedong Pajambon eta mah!
Mojang tea kareret deui bet keur pada ngarangkulan. Kawas keur pada ngupahan, cara kumaha biasana nu ngupah-ngapch budak ceurik. Bedana teh ieu mah lain nu diupahanana anu ceurik teh, tapi nu ngarupah-ngapehna. Dua awewe nu geus tengah-tuwuh tea, nu tadi samobil jeung eta mojang. Katilu nu bangun geus tengah-tuwuh, malah geus liwat, tina mobil nu pandeuri datangna.
Nu disebut Anak Agung oge teu jauh. Nangtung nangkeup harigu, kawas nu keur mapatkeun wangwangan ka anu anggang. Bangun teu malire ka nu keur ngaralimha teh, nu keur paungku-ungku di nu iuh.
Anu pada ngarangkulanana teu ngalimba, teu rambisak. Teu carindakdak cara nu ngupahanana.Ukur bareubeu kadeuleuna teh, bari tungkul kana jukut, teu lemek, tcu nyarek. Tapi kalangkang ngangres-ngenesna siga leuwih parna ti nu namplokkeun cipanon!
Sabrehan oge katara kumaha ampegna nu pileuleuyan teh. Nu rek papisah antara nu jajap jeug nu dijajapkeun. Katangen lain ngan dina ngalemberehna cipanon bae, tapi oge dina parangi, kaciri bangun nu kacida sedihna. Nepi ka saat eta tacan katara sabaraha urang nu rek ninggalkeun, sabaraha nu ngajungkeun, tina jumlah abrulan teh. Kakara katara, sanggeusna kabeh nu rek nyebrang mum ka kapal.
Mimiti tetela ayeuna mah. Jaba ti nu kuring "wawuh" tea, nu remen kapanggih di Gedong Pajambon, aya deui lalaki saurang tina mobil pandeuri. Ulatna henteu belang. Malah mesum bangun ngungun, nepi ka siga kolot ngadak-ngadak. Mahal ku taksiran tacan kolot-kolot teuing. Dedeganana Ieuwih dengdek kana pendek. Duka upama kapangaruhan ku siga, pedah lintuh maju kana bayuhyuh. Tina daweung kana kiceup, kawas jelema bageur, ulat sabar, pantesna teh jelerna gede ras-rasan. Sabalikna pisan ti awewe nu leumpang ngarendeng jeung nu kuring "wawuh", tea. Ku sangkaan geus meunang umur. Pendek
Katilu nya mojang nu tas pada ngarangkulan tea, nu terus alum nguyung katenjona teh. Siga nu teu narangan, cara kumaha biasana nu keur kumambang kana kabingung.
Jadi opatan nu rek nyebrang teh, ceuk hate.
Meh teu kuat nyerangkeun nguyungna nu tas jarajap. Sajong-jongan ngajaranteng, nenjokeun kapal ka tengah, nu beuki lila beuki jauh. Saurang oge taya nu lemek. Tarungkul, aralum, bari tuluy paheula-heula kana mobil. Pantesna teh pada-pada hayang geura balik, ngarah laluasa ngabedahkeun bendungan kanalangsaan. Harita mah kabeh siga mereketkeun maneh, mendet kahareneg angen. Kaciptana sarua pada meh-mehan. Meh kawalahan.
Nepi ka ngadiusna dina mobil, saurang oge taya nu katenjo ngomong. Terus pabalem-balem bae, meded cara angkeubna awang-awang totonden rek hujan gede.
Geus aya jamna dina otobeus, ingetan kuring masih ngaliuh di Gilimanuk. Hayuh bae dibulak-balik, digayem dilenyepan, bari dipapantes disusurup, nurutkeun tulupan kuring sorangan, nu nyerangkeun ti nu anggang.
Nu opatan teh, nu nyebrang tea, ceuk ingetan, moal teu: indung, bapa, anak jeung mantu!
Teu sigana dina rupa, ceuk ingetan keneh, henteu halangan. Da rea nu kitu teh: anak teu nurun ka indung, teu ngala ka bapa. Tuluy atuh diranjing-ranjing, digalar-gilir malar akur jeung nu kabandungan harita, memeh papisah. Nilik kana budi-parangina, kana ulatna, kana tingkah-polahna.
„Teu siga!” ... ceuk hate teh.
Pek deui dipapandekeun, sugan leuwih pantes, leuwih surup: Anakna meureun eta mojang teh, ari nu wanda Srikandi, indungna. Pantesna rek disakolakeun. Ari nu ngarangkulan, surupna teh nu biasa ngenod ngadama-dama, bangsa ua reujeung bibi.
„Teu surup keneh bae!” ceuk hate teh. abong-abong nu jejerih, papisah sakitu bae bangun nu nalangsa pisan. Tuluy deuih kungsi kabandungan patanyana nu pantes anak jeung indung tea. Atawa nu dipapantes indungna tea waktu nyampeurkeun nu keur pada [ 24 ]ngarangkulan. Teu saeutik-eutik acan surup sikep indung ka anak. Keding-hangit geuneuk-meuleukmeuk katenjona teh, sakurang-kurangna herang cibeas. Moal kitu anak-tere mah? Jeung eta lalaki nu lintuh-lintuh tea, saha atuh? Pieunna, sugan? atawa . . . ?
Jol deui sangkaan: Anyar dikawinkeun ka nu pendek-pendek tea meureun eta mojang teh. Heug pangreremo kolot, malah dipaksa, nurut soteh awahing ku budak bageur bae, teu ara mungpang wangkelang. Ayeuna dibawa pindahna ka nu anggang, dianteurkeun ku kolotna.
Ieu oge ana dilenyepan mah keukeuh teu nyerep pamantes teh. Da eta keukeuh teu siga indung jeung anak. Tuluy deuih nu disebut Anak Agung, saha? Nanaonna?
Rumasa taak. Luput teu metu nyusurup.
Reg otobeus eureun.
Sawareh nu tumpak nyelang tarurun heula, cangkeul, ngalempengkeun cangkeng. Aya nu ngadon dalahar malah, di warung. Kawas geus maranti, pangeureunan.
Kuring nu salila-lila malaweung, uleng ngalenyepan awak deungeun, asa kageuingkeun ku eureun otobeus teh. Milu nguliat ngalempengkeun urat, tapi diuk bae, bari rarat-reret nenjoan nu dieureunan.
Manahoreng Negara. Jadi kana geus sababaraha kali ngarandeg pantesna teh, tapi ku kuring kakara karasa harita.
Aya roy-roy kabita nenjo nu moho dahar. Tapi ari nenjo nu cacamuilan bari nyanghareupan panggang anak babi sagede-gede bitis bencing mah, ngagaloler dina rigen heug bari ditapuk ku laleur hejo, leungit deui rasa lapar teh.
Tumpakna di Negara, diukna tukangeun pisan kuring, jajaran katilu ti supir. Kadenge waktu ditanya ku kanektur, nyebutna arek ka Bandung.
Ari gog amprok, gek diuk, tuluy uplek bae jeung nu di gigireunana, nu geus nyampak ti tadina. Bangunna teh sobat medok, geus lila henteu papanggih.
Teu kadenge naon nu diobrolkeunana mah, da teu ngahaja-haja ngadengekeun. Moal bae deuih, cacakan teu nyabit-nyabit ka nu kungsi digayem ti tatadi mah. [ 25 ]„Putra Anak Agung, kaponakan Sukawati ...,” ceuk nu anyar tumpak.
Ngadak-ngadak ceuli-lentaheun. Kuring pasang kuping, hayang nandean ceceretan caritana. Hese kadengena, da nu ngobrol henteu cowong. Katurug-turug kasawur ku guruh sora motor kolot, Chevrolet maju ka gobreg.
„Doktorna bae nu kitu mah, benerna nu kolot beresan heula!”
Les deui teu katuturkeun tuluyna nu nyarita teh, Nya kitu deui pertanyaan nu dibawa nyaritana, teu kadenge, ukur hawar-hawar jawabna bae.
„Anu matak nyusul, ngajorag, da nyahoeun meureun di dieu rek ngadon kawin.”
Keur meujeuhna ceuli-lentaheun, atoh otobeus eureun teh. Ceuk ingetan, tangtu bisa laluasa ngadengekeun. Tapi ari reg otobeus eureun mah, nu ngawangkong oge milu eureun. Sakedapan malah jempe taya nu lemek sakemek.
Hawa karasana nyongkabna ari otobeus eureun mah, ngelekeb asa poe kasedek. Nu tarumpak geus leuwih loba nu limpeu ti batan nu masih cenghar. Tinglalenggak tinglalenggut. Aya nu merelek bae heuay. Aya nu nyegrek sare oge, ngalehleh kana panyarandean. Ngan nu anyar tumpak nu ajeg keneh diukna teh. Da nu rea mah elekesekeng, bangun kitu teu ngeunah, kieu teu merenah. Ulat nu tarumpak rata-ratana gambar nu aral. Teu sabar, bangun pada hayang buru-buru cunduk ka nu dijugjug. Tapi supir jeung kanektur mah bangun teu malire. Jarongjon bae ngobrol jeung tukang warung. Supir mah bari capek-rahem teh otel jeung mojang nu mantu-mantu laladen, wanda awewe sonagar.
„Eta, geus-geus karuhan kitu bet dijurungkeun bae, nya?” nu saurang ngamimitian deui lalaunan.
„Nu matak oge,” tembal baturna. „Ceuk urang mah asa kurang wiwaha, Abong kena dibawa ku nu wajibna. Lain kudu goreng sangka, atuh sapantesna bae ari timburu mah. Komo ieu kolot geus bukti sakitu ngangkrakna."
„Atuh puguh,” ... walon nu saurang deui bari unggeuk, sari-sari anu milu mangmelangkeun.
Di Tabanan nu saurang turun. [ 26 ]Kuring eureun ngadongeng teh. Mani asa ngemplong. Nu salilalila ngelekeb dina ingetan teh asa budal kabeh, ari geus didongengkeun ka manehna mah. Ari manehna bet siga nu sabalikna.
Manehna anu ti barang kuring datang capetang guntreng jeung kuring teh, ari dipangdongengkeun jadi hulang-huleng.
Kuring kaget. Diteuteup beungeutna kalah tungkul, bari tuluy ngalimba.
Reuwas. ,,Ku naon?”’ ceuk kuring nyekelan leungeunna la'aunan. Teu ngawalon.
Sajongjongan paheneng-heneng.
,,Terang abdi oge, engkang. Nitri ... ,’’ pokna bari terus bae tungkul.
,,Bet ngungun ku awak batur?’’ ceuk kuring. Bari harita keneh rumasa ngabibisani. Kuring sorangan salila-lila uleng ngalenyepan anak deungeun, ari ka manehna kuring nganaha-naha.
Hese beleke pisan rek balakana teh. Pantesna ngan kalah ku dihantem dilelekan bae, lila-lila teu burung manehna saeutik-saeutik ngedalkeun eusi angenna.
Cenah lewang, inggis samilik jeung Nitri, dipaksa direremokeun ku kolot.
,,Inggis ku nu lain-lain?!’’ ceuk kuring. ,,Asana teh, misah badan, misah nyawa!”
Teu kalis ku dilelemu, riak pasemonna teu pulih deui kawas tadi, barang kuring datang, tuluy guntreng nyawalakeun. Ramayana.
Hanjakal kuring ngadongengkeun dedengean! Da sidik ngadadak robahna teh kasuat ku eta. Cacakan kongang, hayang ngaletak deui sakur nu geus dikedalkeun teh, diteureuy ka jero beuteung!
Ceuk tadi rek dipake oleh-oleh pedah asa aneh, ari seug salah.
Pamohalan bisa ditarik kembali, da puguh saur geus mawur. Ongkoh dan sanajan teu ngadenge ti kuring oge, manehna geus nyaho ti heula. Ukur ngabejaan bulu tuur kuring mah pibasaeunana teh. Manehna leuwih ti kuring, nyaho nepi ka bubuk-leutikna. Pasal doktorna keur masih keneh sakola, di N.I.A.S. Cenah di nu jadi nu kolot ayeuna harita indekosna teh, nincak kana semi- arts jadi pamajikan. [ 27 ]Jeung rea-rea deui katerangna. Duka, beja pabeja-beja sugan. Malum di kota leutik, sagala rupa kajadian gampang katarana, gancang kabejakeunana, tultel tatalepa. Komo ieu, da kajadian ngeunaan gegeden, gancang pisan jadina rasiah jelema rea teh. Dipake bibit pating kecewis di mana-mana. Ku nu nganjang dipake oleh-oleh kikiriman. Ku nu kaanjangan dipake lalawuh susuguh. Pantes nepi ka jadi obrolan dina otobeus oge.
Peuting geus rada peuting, kakara manehna bruk-brak sabalakana. Kitu oge kakara sanggeus dihantem ku kuring dikeukeuhan, dilelekan, naon nu saenyana pangna manehna kapati-pati kitu, batur nu raheutna, manehna nu peurih kanyenyerian.
Geus lila, geus aya dua-tilu kalina cenah kolotna nanyakeun pasal kuring jeung manehna. Kahayangna supaya buru-buru kawin, era cenah ku nu sejen. da geus mimiti jadi carita nu ngabandungan, diguyurkeun “rek meunangkeun urang Bandung!”
Sanajan kungsi dua-tilu kali kitu, ku manehna ngahaja teu ditepikeun ka kuring. Ingetanana bisi kuring salah nyurahanana, cenah. Nu matak satekah polah sok nyanyahoanan bae cenah manehna teh. Nyebutkeun geus aya lisan kuring ka manehna, tempo dua-tilu taun deui, ngadagoan reugeujeug heula rumah-tangga. Da terang cenah ti kuring, bener kuring ngalagena keneh oge katenjona, hirup mah teu samemena. Boga uruseun, katempuhan jadi dulur pangkolotna, adi-adi sarakola keneh, kapalang keur kakagokna.
Nu pangpandeurina mah make bari jeung nyeukseukan sagala, cenah. Bapana nu kitu teh, da indungna mah malah sok mangmeunangkeun. Kungsi cenah hareupeun manehna indungna nyental ka bapana: „Urang sabar bae atuh heula, ngadagoan kasanggupna, ulah matak boga rasa digugujeg!”
Tapi bapana nyereng-nyereng bae, malah rada sugal: „Lamun enya kitu pasanggupanana, da ieu mah henteu! Ka urang nu jadi kolotna, ongkoh taya basa-basa! Kumaha lamun ngan ukur ngagokan? Heuheureuyan? Ari ku jauh-jauh kitu, keun teh teuing, da teu jauh ieuh eukeur jaman ayeuna mah. Lain bangsa, teu halangan, da henteu kakara urang. Tapi lamun ngan ngagokan wungkul, jadi hahalang ka nu enya-enya mikarep?! ....” [ 28 ]Gancangna mah cenah nepi ka kungsi dipasinikeun di kalangan kulawadet nu landes mah, pasal kuring jeung manehna teh. Jeung uana ti bapana, jeung bibina ti indungna, dipenta timbanganana. Sarua cenah pada-pada ngajurung wayahna sabar meueusan, nepi ka aya basa nu tetela, ti kuring jeung ti manehna, ti kuring babakuna.
Tapi, ari ku bapana disesedek: »Heug saha nu katempuhan, mun dina emprona nyalahan?” mah, puguh bae, boh uana, boh bibina, taya nu wani nemen-nemen ngahulag kana karep bapana teh. Dalah indungna pisan, ukur ngaheruk.
Enya deuih cenah ari ku kitu tea mah. Lantaran geus aya nu datang menta manehna ka kolotna. Kari patotos kolot jeung kolot. Bapana nu menta tempo, ngadagoan leah jinisna, manehna. Ari manehna masih ngadago-dago katangtuan ti kuring!
Harita teh cenah nyumponan pangondang bakal besanna, kawasna, rek ngajadikeun. Anakna nu bungsu, lalaki umur lima taun, dibawa. Moal lila nyebutna mah, tapi geus katilu peuting harita can balik.
Cenah, bisa kuring ngadagoan nepi ka kolotna datang, heug terus-terang menta manehna. Ngan, kawas kana kapiheulaan, geus diheugkeun manten ka nu menta ti heula. Nu matak cenah, taya deui jalan lian ti manehna kudu dibawa ku kuring, balik ka Bandung, bari ninggalkeun surat saperluna keur kolotna!
Ayana kasempetan eta manahoreng saenyana mah, nu matak poean kuring datang disebut Sedana Yoga teh. Mustarina manehna dibawa kabur ku kuring!
Mun teu kitu samar, cenah.
Anehna teh, manehna mah nyaritakeunana cara nyaritakeun kajadian sapopoe bae. Kawas nu ngajak ulin pelesir, jalan-jalan.
Ari kuring, lain jelema ludeung dag-dagan. Harita ngadadak disanghareupkeun kana saat santek antara mawa kabur jeung lapur ..., euweuh jalan-tengah.
Bari henteu disangka ti samemehna, kuring baris manggih saat kitu teh. Henteu ti memeh indit. Henteu ti barang datang. Henteu ti barang kuring ngadongeng.
Kuring ngahuleng, poekeun. Anu narembongan ngan rupa-rupa [ 29 ]alesan, halangan. Rupa-rupa timbangan reujeung jeujeuhan, ijiran rumah-tangga malah, nu kungsi dikelemengkeun ka manehna, harita dijentrekeun deui. Nu disebut bekel hirup babarengan, nu disebut keungkang ku kalangkang, nu disebut wiwaha, temah-wadi jeung rea-rea deui ku kuring dipedar. Dipake nandeskeun alesan kuring teu kuat ngewat manehna, dibawa minggat.
Kuring, anu konyoh-konyoh ti beurangna tas nyecebleh Ramawijinya, tega ngaduruk Sinta, tega miceun ka leuwung, cacakan waspada mah kana kasucianana.
Kuring, nu ti beurangna moyok Rama owel ku kamulyaan nu jadi raja, merenahkeun kasalametan nagara, pangeusina, saluhureun Sinta nu geus nyata satiana.
Ari kuring sorangan, jejerih leutik burih!
„Teu jadi Rahwana tea... !” kuring humandeuar.
Manehna teu lemek teu nyarek. Nyuuhna pindah, tina biwir meja kana lahunan kuring, nu diuk gigireunana....
Nu diajam rek aya mingguna teh, ngan sapeuting. Isukna kuring mulang. Ngalongkewang, ninggalkeun manehna dina sumpeg samagaha pikir. Dadalan kuring nu reyang-reying, mandeg-mayong henteu ludeungan dag-dagan, ngajait manehna tina jungkrang kalewang wangwanganana.
Kuring nu alang-kumapalang, teu wani ngaleng manehna dibawa mulang.