Babu Kajajaden/BUBUKA: ''NYOREANG KA TUKANG''
[ 13 ]BUBUKA :
NYOREANG KA TUKANG
Urang rebut bae bangkarak, ieu karangan teh. Bangkarak jaman nu geus lain-lainna deui, ditilik ti jaman kiwari mah.
Ku kituna, upama jejer carita ieu karangan teu sapuk jeung jaman ayeuna teh, pantes, da nu dipitonkeunana oge kalangkang sakitu puluh taun ka tukang!
Cara kieu upamana:
Walanda nu rek perlop atawa rek mulang ka nagrina lantaran pangsiun upamana, nu ribrib ban mampuh mah, sok aya nu mawa babu, salila dina kapal teh, nepi ka Amsterdam atawa Rotterdam. Tuluyna mah disina mulang deui bae, dina kapal nu pangheulana balayar ka Indonesia. Nu matak disebutna oge "babu laut" atawa "zeebabu" basa Walandana.
Henteu loba nu disebut babu laut teh, lantaran kudu nu geus boga pangalaman. Nu geus boga pangalaman sakali, sok beuki remen, da pada butuh ku nu geus boga pangalaman mah. Sabalikna nu tacan boga pangalaman, hese kagiliranana teh, lantaran kudu ngabaru heula. Aya ngaran Napsiah — Empo Enap katelahna mah — urang Pasar Minggu, Jakarta, nyorang sababaraha balik manehna mah ka nagara Walanda teh.
Ku lantaran henteu loba tea, ilaharna sok kudu disiar babu kitu teh. Ku jalan tatanya ka nu wawuh, muntang ka kantor panempatan tanaga nu jaman harita disebut "arbeidsbeurs",atawa masang sambunglayang dina koran.
Kungsi jadi carita, aya Walanda nu rek mulang ka nagrina, nya kitu perlu ku babu laut, masang iklan dina koran "Java Bode" asana. Ari jol datang anu ngalamar, cenah jajaka ngakukeun ngaran Budiman. Puguh bae hookeun mah nu masang adpertensi teh, disangka nu kasalahan. Beuki hookeun deui, barang tetela lain anu kasalahan, sanggeus jajaka tea daradad nyaritakeun maksudna sabalakana. Lulusan H.B.S. lima tahun cenah manehna teh, niat neruskeun sakolana ka nagara Walanda. Tacan bisa miang, [ 14 ]lantaran keur ngumpulkeun keneh piongkoseun, can cukup.
Bari teu tinggal ti sopan santun, manehna keukeuh menta ditampa ngababuan. Nyebutkeun sanggup ngasuh budak, da kungsi biasa ngurus adi adina, cenah. Bari jeung teu Pandang buruh manehna mah. Teu kudu diongkosan balik, da maksudna oge asal bisa ka nagara Walanda tereh-tereh.
Henteu gancang disanggupan ku u rek mulang ka nagrina teh, tapi ditolak oge henteu. Saperkara ntaran anyar pinanggih, nu datang ngalamar pagawean teh. Tuluy deui, da puguh butuhna oge ku babu. Tapi sopan santunna eta jajaka, hade gogog bade tagog, bari jeung bangun nu panteng keyeng hayang buru-buru neruskeun sakola, ngahudang rasa nyaah ka nu dipuntangan teh.
Putusanana, Budiman dijangjian supaya datang deui bae sanggeus saminggu. Ingetan nu ngajangjian mah, kaburu meunang bae babu, nya moal mawa Budiman. Dina teu meunangna, kana kapaksa mimilikan.
Budiman hasil maksudna. Nu mawana sugemaeun, malah make mere tanda mata sagala rupa, kacaritakeunana teh.
Anyar maca eta kajadian, breh manggih adpertensi leutik diva "A.I.D.", nu neangan 'kinderjuffrouw'.
Sajeroning diilo teh, ras ka Budiman. Tapi tuluyna, duka kumaha, ujug-ujug janggelek bae mojang katineung kuring nembongan, jadi Babu.
Babu Kajajaden.
Taun 1932 kungsi dipake implik-implik Sipatahunan. Ayeuna dibukukeun, leunjeuran caritana mah angger saciptaan asal, ukur dirobah raehanana.
Syarif Amin
Bandung, 1964