geus tarapti ti Kediri arindit,
ka Singosari rek nempuh,
misah dibagi dua,
ngaleut ngeungkeuy reana mangrebu-rebu,
jalaligrah sararuka,
dasar darah perejurit.
Kawas anu keur hanaang,
kalawasan henteu maraju jurit,
tatapi perjurit kidul,
dalah pada saruka,
ditarahan kapaksa henteu haliwu,
lumakuna rerencepan,
henteu gandeng ati-ati.
Ngan bagian nu kalerna,
enya eta bagian nu saeutik,
sorana munggah ngaguruh,
surak jeung tatabeuhan,
barang nepi tuluy bae ngariribut,
ngaranjah ka pilemburan,
jeung ngangseg asup ka nagri.
Urang lembur katawuran,
lalumpatan ka jero nagri ngungsi,
unjukan ka Maha Ratu,
ari Raja harita,
eukeur pesta sukan-sukan ngumbar napsu,
rencangna Ki Kebo Tengah,
sukan-sukan jero puri.
Barang datang nu unjukan,
Sri Nalendra lapur teu kersa nolih,
piunjuk hanteu digugu,
ari geus rada lila,
jebul jalma anu ngagotong nu tatu,
anu ngalawan karaman,
minangkana barang bukti.
22