Ku kitu kakara Raja,
percanteneun ka anu mawa warti,
sarta tuluy bae ngutus,
ka mantu duanana,
pikeun mapag ngayonan musuh nu cunduk,
baladna saaya-aya,
pasesaan anu indit.
Mantu, Rahaden Wijaya,
tuluy angkat bari nyandak perjurit,
ka bagian kaler muru,
ari Den Ardaraja,
diwajibkeun di karaton kudu tunggu,
sartana sadia balad,
keur ngaping ngajagi puri,
Kumaha ari Sang Raja,
reujeung eta Kebo Tengah Sang Panji,
papatih kakasih Ratu,
nu eukeur sukan-sukan,
sanggeus tutas ngadawuh Ka dua mantu,
estuning cara nu owah,
tuluy sukan-sukan deui.
Kangputra Raden Wijaya,
katut kabeh wadya para perjurit,
ngabayangan ngamuk musuh,
hanteu aya karingrang,
teu dihiding najan musuh tikel tilu,
ruak-reok anu perang,
mundur maju siligenti.
Ti Daha unggul ku loba,
Singosari unggul ku senapati,
gagah perceka nya tarung,
puluh musuh nu rebah,
anu beunang ku anjeunanana wungkul,
tapi nya lila-lila mah,
Kaca:Babad Majapait.pdf/23
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
23