Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lantaran balad saeutik,

Turug-turug ti Daha mah,
kabeh pada galalede nya ati,
sabab rea keneh batur,
ti kidul keur nyeseran,
Den Wijaya baladna mimiti mundur,
arek menta dibantuan,
ka anu ngajaga puri.

Tapi teu bisa laksana,
ku lantaran balad nagri Kediri,
anu ti kidul geus jebul,
asup ka jero kota,
turug-turug Ardaraja enggeus biluk,
samiuk jeung balad rama,
Raden Wijaya nunggelis.

Sang Prabu Kartanagara,
katut Patih Kebo Tengah Apanji,
enggeus katewak ku musuh,
keur mabok duanana,
sarta gancang ditelasan bae terus,
duanana geus palastra,
Kocap Den Wijaya deui.

Cuang-cieung kurang rencang,
balad-balad kari saeutik deui,
tapi bubuhan pinunjul,
terah perjurit gagah,
teu dihiding najan musuh tikel puluh,
geus kawas banteng bayangan,
estuning taya kagimir.

Berkah kateuneunganana,
yasa nyandak garwanati jro puri,
nu lian mah teu kaburu,
kapaksa gancang ngejat,

24