Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ku lantaran dibereg-ambreg ku musuh,
teter geus henteu katahan,
gancang Kaluar ti puri.

Keur waktu mimiti ngejat,
balad sesa ngan genep ratus deui,
anu lian tatu lampus,
jeung nu biluk ka lawan,
ahirna mah eta oge nu sakitu,
ukur nyesa dua welas,
anu salamet ngariring.

Di antara pangiringna,
nu salamet sarta barela pati,
opatan anu kacatur,
putrana Wiraraja,
Sora, Nambi, Rangga Lawe nu katilu,
Gajah Pagen kaopatna,
jaba tinya aya deui.

Anu perelu kakocap,
anu ngaran Ki Pedang reujeung Dangdin,
genep deui teu kacatur,
nu pada barumela,
anu pada sujud tuhu nu saestu,
nu daek milu balangsak,
ka putra putri ngariring.

Magatru

Eta perang meneran taun sarebu,
reujeung dua ratus leuwih,
slapan puluh dua punjul,
Daha nempuh Singosari,
bisa ngajabel karaton.

Kocap deui Rahaden Wijaya pamuk,
kadua ratnayu putri,

25