Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

katut pangiring teu kantun,
nu ngan dua welas deui,
ngejat ti nagara lolos.

Maju ngaler anu arangkat teh tuluy,
hese cape teu ditolih,
inggis kasusul ku musuh,
anu hantem ngabeledig,
putra putri dibaroro.

Anu angkat turun gunung unggah gunung,
nyorang lebak nyukang pasir,
ruyuk rungkun teu dilarung,
milih anu sepi suni,
da ku musuh bisi tembong.

Leuheung pikeun Rahaden da rada baku,
ninggang lebah Nyai Putri,
nu teu tuman usrak asruk,
nya kapaksa siligenti,
Sang Sudewi digarotong.

Barang nepi kana tempat anu singkur,
anu hade keur nyamuni,
mo bisa gancang kasusul,
tuluy reureuh rada lami,
bari nyaturkeun lalakon.

Pirempagna rencang-rencang nu tumutur,
putra Wira Adipati,
ngajak ngejat meuntas laut,
ka ramana nya ngarungsi,
muru Sumenep pakuwon.

Sarerea henteu aya anu maphum,
anu matak aya jurit,
Wiraraja anu ngatur,
anu matak rek diungsi,

26