Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

para putra wani moro.

Malah mandar di dinya meunang pitulung,
kahiji ku dumeh wakil,
wakilna Tumapel Ratu,
padamelna Maha Aji,
kadua ku dumeh kolot.

Tapi manah Raden Wijaya teu rujuk,
geusan ka Madura ngungsi,
leuheung basa kersa nulung,
mun henteu kumaha teuing,
bati wirang lampah gapong.

Emut deui taya pisan keur nyaluuh,
pikeun mihapekeun diri,
nyingkahan pangudag musuh,
lantaran ngaraos Sisip,
jalan lian teu katoong.

Gilig manah lahlahan seja nyaluuh,
kari kumaha di ahir,
kitu kieu tacan puguh,
jeung aya paneteg galih,
teh putrana nu nyolondo.

Anu baris nyuhunkeun neda papayung,
nyata Banyak Wide siwi,
sok sageuy nepi ka kelu,
omong anak teu ditolih,
tidinya tuluy marios.

Sajajalan barangdahar nu lumaku,
bubuahan reujeung beuti,
bongborosan pucuk-pucuk,
abus ka lembur teu wani,
inggis ku musuh kadongdon.

Lamun peuting milari guha nu singkur,

27