pangrereban anu buni,
beurang nuluykeun Jumaku,
lami-lami putra putri,
katut pangiring maropo.
Pantes pisan da lalakon enggeus jauh,
katambah deui salatri,
lawas henteu manggih sangu,
barang dahar sakapanggih,
meujeuhna arek lalempoy.
Kabeneran harita deukeut ka lembur,
sarerea pada gilig,
ka eta lembur maruru,
tina geus teu tahan deui,
nekad sanajan kaboyong.
Rencang opat ti heula sina ngajugjug,
sina ka kapala ngungsi,
kudu ngolongan maluruh,
bok bisi bakal balai,
bisi balukarna nyamos.
Eta lembur nelahna lembur Kudadu,
untung nu nandang prihatin,
anu pada liwung wuyung,
meunang pitulung Yang Widi,
reh hate Kuwuna longsong.
Barang eta kapala lembur geus maphum,
yen Sang Putra reujeung Putri,
aya dibawah Kudadu,
ngalolos ti Singosari,
ayeuna nandang prihatos.
Tuluy bae teu talangke eta Kuwu,
jeung baturna anu ngiring,
muru ka anu keur liwung,
28