Raden Putra Ayu Putri,
pada dipapag didongdon.
Sarta tuluy dilungsur linggih ka lembur,
Putra Putri jeung pangiring,
didama-dama diaku,
ku kapala hade ati,
ditedunan sakahoyong.
Tatapina henteu lawas di Kudadu,
lantaran inggis ku bisi,
bisi ku musuh kaburu,
ukur sapoe sapeuting,
tuluy deui ngalalakon.
Ayeuna mah geus nambahan deui batur,
Ki Kapala tea ngiring,
katut sawatara batur,
jajap ka sisi basisir,
ka tempat parahu moro.
Kacaturkeun Raden geus dina parahu,
enggeus deukeut ka basisir,
ka pulo Madura cunduk,
tuluy ka basisir nyisi,
haranjat anu ngalolos.
Pasejaan tuluy ka Sumenep muru,
tapi kasapih ku burit,
kapaksa kandeg lumaku,
di tengah tegal caricing,
beurang nu diantos-antos.
Kai Sora pangiring bela kalangkung,
melaan anu diiring,
ngagoledag dina jukut,
jadi bantal Putra Putri.
sangkanna ngareureuh raos.
Kaca:Babad Majapait.pdf/29
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
29