Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi


Rangga Lawe Gajah Pagen subuh-subuh,
ka dayeuh Sumenep indit,
ngadeuheus bari miunjuk,
ka rama Sang Wira wakil
nu sejen di tegal ngantos.

Rada beurang ti lebah kota murubul,
horeng Wira Adipati,
katut garwa henteu kantun,
ngagimbung para pangiring,
sumeja mapag nu anom.

Sakalangkung bingahna Raden-Ratnayu,
pon kitu kabeh pangiring,
reh nampina nu diburu,
nyugemakeun leuwih-leuwih,
raos ditonjok ku congcot.

Taksiran mah awit Wiraraja bingung,
mapan perang Singosari,
sasat anjeunna nu nempuh,
wet ayeuna kKari-kari,
keresa nulungan buron.

Tayohna mah welas ka putra nu tumut,
anu pada bela pati,
ka Putri reujeung ka Sunu.
jadi henteu tega galih,
dalah awit mandeg-mayong.


Kinanti

Pribumi nampi tatamu,
semuna someah manis,
semu suka kasumpingan,
nyaur haturan ka Putri,
terus ka Raden Wijaya,
ku duanana ditampi.

30