Barina tuluy ngawangsul,
ngucap nuhun ka pribumi,
tina panampianana,
anu langkung ti utami,
bari sami sasalaman,
teu lami dicandak mulih.
Ngabring ngajugjug kadatun,
diabring para pangiring,
tatamu dina kareta,
pribumi ge henteu kari,
pada sareng sakareta,
marahmay parangi manis.
Barang jol ka bumi cunduk,
pamasangan geus sayagi,
Putra Putri siram heula,
anggo-anggo nu beresih,
sagala taya kakirang,
panghaturan ti pribumi.
Pangiring ge henteu kantun,
pada dileler dibagi.
sapantesna-sapantesna,
katut tempat geusan cicing,
komo ka para putrana,
estu pada suka ati.
Raden Putra garwa sadu,
diangkenna leuwih-leuwih,
dihormat dienya-enya,
dipupujuhkeun teh teuing,
malah pangkulemanana,
kobong paranti pribumi.
Pribumi reujeung tatamu,
pameget sarawuh istri,
rasmi rame sasauran,
Kaca:Babad Majapait.pdf/31
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
31