Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tatamu mindeng wawarti,
lalakon anu kasorang,
anu matak ngangres ngerik.

Tribuana mun keur kitu,
teu tahan merebes mili,
samalah sok nangis pisan,
dibangbrangkeun anu geulis,
ku garwana Wiraraja,
ulah nguluwut berewit.

Sanajan Wijaja Sunu,
teu bina ti manah rai,
manah marudah tugenah,
tapi bubuhan lalaki,
sok wedel bendunganana,
tara gampang bedah mili.

Jadi sanajań dipukpruk,
ku Banyak Wide Dipati,
dihormat didama-dama,
manah Raden reujeung rai
keukeuh sedih sarungkawa,
manah Raden leuwih-leuwih.

Nepikeun ka sumpah estu,
satungtung bisa luminjing,
mo weleh nyiar tarekah,
moal waka tibra pikir,
mun nagara can kabedah,
Singosari can kamilik.

Meunang sawatara minggu,
anjeunna tuluy wawarti,
ka Aria Wiraraja,
mukakeun eusi panggalih,
patekadan anu nyata,
nya eta ngarebut nagri.

32