Wiraraja nyambung saur.
”Upami kitu nya galih,
emang ge panuju pisan,
nanging ulah rusuh teuing,
bok bilih henteu laksana,
sagala damel mubadir.”
”Ku putra oge kaemut,
ieu teh perkawis rumpil,
sanes damel lalawora,
kedah dibeuli ku pati,
kedah dicadangan nyawa,
ku margi eta sim abdi.
Kitu kieu henteu langkung,
mo bade ngabibisani,
kumaha pangersa emang,
putra mah mung asal hasil,
tinekanan sapaneda,
sareng putra bade jangji.
Saupami maksad kabul,
nagara bade dibagi,
diparo dibagi dua,
nu saparo pikeun abdi,
saparo deui keur emang,
minangka pamales asih.”
Wiraraja tuluy nyaur,
”Eta mah teu langkung teuing,
kitu kieu kuma kersa,
sok mun bae jasa hasil.
sakitu paneda emang,
sinareng gaduh pasini.
Madak rempag sareng kalbu,
henteu mah teu langkung galih,
kieu cek pangemut emang,
Kaca:Babad Majapait.pdf/33
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
33