kang putra teh kedah ngabdi,
ka Singosari Narpatya,
minangka didamel kawit.
Salebet Agan nyaluuh
kedah didamel sing tigin,
raketan para ponggawa,
tengetkeun mana nu becik,
mana deui anu ala,
kedah titen hiji-hiji.
Upami parantos puguh,
tinemu laratan sidik,
rencang kagenggem,sadaya,
Raden kedah mundut ngalih,
ka nu anggang ngababakan,
dina leuweung leresan Trik.
Haperkawis urus-urus,
nguruskeun ka Sri Narpati,
mugi ulah hemeng manah,
asal ku Raden katampi,
eta bagian pun paman,
sinareng sanesna deui.”
Den Wijaya unjuk hatur,
"Kapan tadi sanggem abdi,
sagala kumaha emang,
mo wantun ngaleuleuwihi,”
”Nuhun upami kitu mah,”
saur Wiraraja manis.
Banyak Wide tuluy ngutus,
ka nagara Singosari
ka Sang Raja Jayakatwang,
sejana nyanggakeun tulis,
ngunjukkeun Raden Wijaya,
yen maksadna seja ngabdi.
34