Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Serat sakalangkung luyu,
narik manah Sri Narpati,
malum Sang Wira bujangga,
juru bangkit tukang nganggit,
perceka ngareka basa,
matak narik kana galih.

Eukeur mah manah Sang Ratu,
raos kahutangan budi,
nu gede taya hinggana,
katambah manahna yakin,
geus tamplok kapercayaan,
ka Wiraraja binangkit.

Ka Wijaya pon nya kitu,
taya curiga saeutik,
na aya ngan bingah manah,
kagungan abdi pinilih,
tuluy diwaler harita,
yen panuhunna ditampi.

Disambung ku hatur nuhun,
sarehing parantos hasil
nalukkeun Raden Wijaya,
katut hatur nuhun deui,
kana pitulung ka tukang,
pungkasan ngaturan linggih.

Satampana surat kitu,
Sang Sunu reujeung pangiring,
reujeung garwa henteu tinggal,
katut pangiring paparin,
ti Aria Wiraraja,
balad Madura pinilih.

Ka Kediri ngajarugjug,
henteu panjang dipiwarti,
gancangna enggeus ngawula,

35