Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mawa surat meunang ngatur,
anggitan manis tur rikip,
nyuhunkeun dileler tanah,
anu gamblung di leuweung Trik,
gancangna utusan datang,
serat diaos ku gusti.

Eukeur mah manah Sang Ratu,
ka Raden langkung miasih,
ku Aria kahutangan,
ari heug kapipit galih,
kagedag dayaning basa,
anggitan Banyak binangkit.

Tambah ukur leuweung gamblung,
tanah teu aya pangaji,
di jero leuweung gerotan,
aya anu hayang cicing,
Raja bingah anu aya,
sasat ngalegaan nagri.

Reh nu jadi marga kitu,
teu ngamanah sejen deui,
dikabul sapanedana,
malah aya manah deui,
teu kitu hoyong ngaganjar,
tina ka Wijaya asih.

Geus kitu leuweung teh terus,
dibukbak dicacar gasik,
dibedah diwangun desa,
dijieun lembur paminggir,
pigeusaneun bubuara,
Wijaya cacakar bumi.

Anu ngabukbak ngagempur,
salian jalma pribadi,
candak ti pulo Madura,

37