Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

katut Paparin Narpati,
meunang deui pertulungan,
saperluna meunang ngangkir,

Kocap dina hiji waktu,
keur muka eta leuweung Trik,
lingsir ngulon mangsa eta,
di antara abdi-abdi,
aya anu manggih buah,
buah naon tacan sidik.

Malum lingsir ngulon kitu,
tur digawe henteu cicing,
pantes pada garalunggang,
buah teh gancang dipetik,
anu ngan hiji-hijina,
jeung tuluy diicip-icip.

Nu saurang henteu laju,
ku tina rasana pait,
anu sejen panasaran,
hayang nyoba ngicip-ngicip,
tapi teu aya nu kebat,
kabeh teu kuat ku pait.

Tungtungna jadi ngagimbung,
ku tina kakara manggih,
boh buahna boh rasana,
ku anu harayang sidik,
tungtungna ku Den Wijaya,
nu ngagimbung katingali.

Reh kitu tuluy disaur,
jalma-jalma tuluy ngabring,
ngadeuheus henteu leleda,
buah oge henteu kari,
Rahaden tuluy mariksa,
anu ngadeuheus wawarti.


38