Buahna tuluy dipundut,
ditingali disisidik,
anjeunna ge teu uninga,
heg tangkalna ditingali,
tangkal gede ngan satangkal,
tengah-tengah geusan nagri.
Tuluy nyaur Raden Sunu,
”He ponggawa abdi-abdi
mustail nepi ka tuna,
saurang taya nu sidik,
kana ngaran ieu buah?”
sarerea jongjon Cicing.
Anu aya ngan baringung,
keur kitu daratang deui,
nu digawe rada anggang,
tuluy silih tanya deui,
tidinya aya saurang,
imut semu suka ati.
Umur kira tengah tuwuh,
tapi mucekil pamanggih,
lampar panyabaanana,
ka buah teu samar deui,
tuluy marek ka Den Putra,
matur bari nyembah tadim.
”Awon henteu kapiunjuk,
bilih gusti teu tingali,
buah teh namina ”maja”,
Rahaden bingah panggalih,
sarta ngucap panarima,
ka anu nyopongkeun galih.
Ngaran buah bener kitu,
malah aya anu nyaksi,
nu menerkeun eta ngaran,
Kaca:Babad Majapait.pdf/39
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
39