Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nu tadi pohoeun deui,
ngamanah Raden Wijaya,
ku tina katarik galih.

Pantes ngaran ieu lembur,
nulad tina eta kai,
kai gede ngan satangkal,
buahna rasana pait,
diatur sing ngagalasar,
nyambung jadi ”maja pait”

Geus kitu anjeunna nyaur,
“Eh sakabeh abdi-abdi,
sakabeh para ponggawa,
mangka catet dina ati,
lembur teh urang ngaranan,
ditelahkeun Majapait.

Nu matak ngaranna kitu,
sabab itu aya kai,
anu ngaran tangkal maja,
buahna rasana pait,
mapan enggeus diasaan,
ayeuna mangka kasaksi,”

Tutas dawuh ger ngaguruh,
sarurak patarik-tarik,
barina nyebut sumangga,
geus salse digawe deui,
sacabakna-sacabakna,
diatur dibagi-bagi.

Teu kudu panjang dicatur,
da gawe parentah gusti,
rea leungeun anu nyabak,
rek melencing henteu wani,
nya tangtu gancang beresna,
panarukan enggeus bukti.

40