Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sanggeus beres eta lembur,
Den Wijaya tuluy ngalih,
katut sarencang-rencangna,
henteu aya anu kari,
parindah ka panarukan,
babakan nu pait galih.

Henteu lawas eta dukuh,
anu asal leuweung suni,
gancang ngagegekanana,
nu pindah ti mana-mendi,
kawas kuat pangematna,
pamelet betah nu ngancik.

Tina dukuh jadi lembur,
lembur ngagegekan deui,
desa mapakan ka kota,
kota leutik tambah deui,
pangeusi hantem nambahan,
gancang jadi nagri leutik.

Pangaruh lembur rahayu,
ciri wanci geusan nagri,
tangara geusan nagara,
nagri bakal sugih mukti,
nagara ru beurat beunghar,
mere tanda ciri wanci.

Majapait wuwuh maju,
nu tataruka mimiti,
ngaraos sugema manah,
rada nyingray aling-aling,
aling-aling kasukeran,
nu minding kasukan galih.

Kapaur mimiti undur,
kasedih mimiti indit,
asa deukeut pangharepan,

41