asa kauntup kaijir,
nandonkeun nyawa jeung raga,
diurupkeun kana nagri.
Pangkur
Wijaya gilig manahna,
pangemutna geus nepi kana wanci,
mukakeun tekad saestu,
lalangse sedeng muka,
sarta tuluy ka nagri Sumenep ngutus,
utusan nyanggakeun serat,
ari saungeling tulis.
Neda pirempag Sang Arya,
reh ayeuna raos kauntup jurit,
pikeun ngarebut kadatun,
samakta ngan kari prak,
jiga-jiga Tumapel bisa karebut,
nanging perkawis eta mah,
teu seja ngaleuleuwihi.
Pangwaler ti Wiraraja,
”Nuhun pisan yen parantos kaintip,
kauntup keur maju pupuh,
ananging kangjeng putra,
mugi-mugi ulah jadi bendu kalbu,
gaduh piunjuk pun paman,
nuhun upami kagalih.
Sanes pisan mapalangan,
kana maksad kang putra apinusti,
mung bae anu kaemut,
ngandelan katetegan,
kawuwuhan sangkan gampil nempuh musuh,
kana unggul mo cangcaya,
perjurit cekap saeutik.