Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Perang kenging weuteuh balad,
tur jalanna bawi raos mah gampil,
pun paman sumeja ngutus,
ka Raja nagri Tartar,
ka anjeunna pun paman hatur piunjuk,
bade diajakan perang,
ngarurugan Singosari.

Anjeunna tangtos keresa,
margi nuju anjeunna runtik galih,
ka tuang rama nu marhum,
Perbu Kartanagara,
reh utusan tarangna dicap kapungkur,
sinareng perkawis eta,
tangtos moal dipiwarti.

Yen parantos gentos Raja,
rehna tangtos kirang panarik galih,
tan wande moal dikabul,
sareng jabi ti dinya,
urang osol bibita ku putri ayu,
saeusining padaleman,
sebatkeun sumeja bakti.”

Wiraraja nu ”perceka”,
anu wacis ngatur maksud tur rikip,
sangkanna henteu kabitur,
dianggap sahinasna,
henteu nyangka yen maksud wungkul rek nipu,
karuruban basa endah,
dipindingan akal lantip.

Cubilay Sang Raja Tartar,
manahna teh bingah kawanti-wanti,
puguh maksad ti beh ditu,
ayeuna tambah jalan,
tambah maksud tur aya nu baris mantu,


43