nu nyaho seluk-belukna,
kaperluan nempuh jurit.
Teu talangke Sri Nalendra,
miwarangan mepek wadya perjurit,
pamuk-pamuk sina kumpul,
prakapala diteang,
pereluna pikeun badami barempug,
saha anu baris iang,
jadi kapala perjurit.
Pon kitu reana balad,
sabaraha mahina kudu indit,
tumpakaneunana katut,
mangsana nu utama,
sanggeus beres putusan dina barempug,
luluguna kabeh balad,
nu jenengan I Hai Mi Schih.
Ike Mese nelahna mah,
jeung dibantu ku dua senapati,
nu kahiji Sih Pi pamuk,
Kow Sing anu kadua,
sanggeus beres sakabeh anu perelu,
dahareun katut pakarang,
nunggu-nunggu dawuh gusti.
Harita teh keur meneran,
dina waktu tomper taun Masehi,
sarebu jeung dua ratus,
salapan puluh dua,
balad Tartar iang ka Jawa rek nempuh,
ngajorag Kartanagara,
padahal ditipu badis.
Ninggang kana mangsa miang,
wanci indit sakabeh perejurit,
didawuhan ku Sang Ratu,
Kaca:Babad Majapait.pdf/44
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
44