ari nu ditumpakan,
lain pisan kapal anu kukuh pengkuh,
cara buatan ayeuna,
jong anu lumrah bihari.
Balad-balad geus tarumpak,
tarik jangkar beber layar lastari,
soloyong kabeh maraju,
geleger mariemna,
bari surak sorana munggah ngaguruh,
nu di cai nu di darat,
ramena asa kaindit.
Tingsoloyong anu iang,
Kabeneran mustari meunang angin,
layarna pating palendung,
kapal nyuruwuk nengah,
tingsareot lir anu paburu-buru,
kawas soang di talaga,
katembongna ti basisir.
Sanggeus kapal teu katingal,
nu di darat tuluy bae baralik,
kocapkeun anu lumaku,
ngidul cepet nujuna,
sajajalan jalaligrah tengah laut,
taya karisi karingrang,
tayohna watek perjurit.
Layarna ngan ukur anggang,
henteu pisan meunang pajauh teuing,
bok bisi tepung jeung musuh,
atawa anu ngarah,
kitu deui bajo tukang begal laut,
atawana katambias,
jadi pada ati-ati.
Mimiti nu didatangan,
Kaca:Babad Majapait.pdf/45
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
45