Karimata ngaranna pulo leutik,
geus kitu pulo Belitung,
sababna dieureunan,
reh perelu kudu nyieunan parahu,
keur asup ka pulo Jawa,
kudu ku parahu leutik.
Geus cukup nu babahanan,
tuluy deui arindit gusak-gasik,
tapi teu ka Jawa terus,
pada nyarimpang heula,
ngaran pulo Karimun Jawa diburu,
pigeusaneun ngatur lampah,
tataning muslihat jurit.
Beres ngatur marga perang,
sakabehna perjurit pada ngarti,
indit jadi dua gunduk,
balad nu sabagian,
kabagian kudu di Tuban balabun,
mantu nu perang ngajorag,
ngaping sapanjang basisir.
Bagian kadua loba,
jalan laut ka Surabaya ngungsi,
nyimpang heula di Sedayu,
tuluy ngutus tiluan,
meunang meting ka Majapait ngajugjug,
geusan ngadongdon nepungan,
pibatureun nempuh jurit.
Bingah manah Den Wijaya,
kadatangan utusan Tartar nagri,
tuluy badanten barempug,
jalanna maju perang,
disaurkeun sakabeh anu perelu,
pikeun balad-balad Tartar,
sangkan gancang tereh hasil.
Kaca:Babad Majapait.pdf/46
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
46