Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pon kitu deui anjeunna,
ngajangjian yen lamun unggul jurit,
ka Tartar seja sumujud,
tanda yen kumawula,
rek ngintunkeun upetina saban taun,
upama geus jadi raja,
mengku kabeh Singosari.

Geus kitu ngintun utusan,
ka palenggah Jayakatwang Narpati,
ngunjukkeun mutus sumujud,
megatkeun kumawula,
malahanan sakalian nangtang pupuh,
males kanyeri mitoha,
rek ngarebut milik waris.

Kocap Prabu Jayakatwang,
satamatna ngarungu ungel tulis,
bendu munggah nguwung-nguwung,
pameunteu ngembang wera,
salirana ngagidir bari ngadawuh,
”Aeh sia kurang ajar,
Si Wijaya anak iblis,

Teu gableg budi rumasa,
anu asih kalah dipulang sengit,
ngunghak lanyap kumalungkung,
eh Patih Senapatya,
sadiakeun wadya balad buru-burnu,
carangkalak si Wijaya,
gempur eusi Majapait.

Den Patih nyembah unjukan,
“Abdi dalem ngesto sadawuh gusti,
sinareng gaduh piunjuk,
reh tadi mendak warta,
mata-mata ngunjukkeun di sisi laut,
seueur pisan balad Cina,

47