samakta parabot jurit.
Eta gusti boa-boa,
anu mawi Wijaya wani-wani,
ka dampal gusti ngamusuh,
samiuk sareng Cina,
lamun henteu mustail dugi ka wantun,”
Kangjeng Raja tambah wera,
barina ngalahir deui.
”*Anak setan si Wijaya,
keun rasakeun engke sia ku aing,
hayoh Patih buru-buru,
geura sasadiaan,
geura jaga palabuan masing teguh,”
Raden Patih nyembah miang,
ngumpulkeun kapala jurit.
Kapala Tumapel Daha,
dipiwarang ngumpulkeun perejurit,
sakabeh pamanggul kewuh,
sakeudeung enggeus jagrag,
nu itungan balad-balad puluh rebu,
dijieun tilu bagian,
bagian anu kahiji.
Kapalana Arya Patya,
diwajibkeun di Surabaya jagi,
bisi aya musuh asup,
reh eta palabuan,
lawang pikeun ka dayeuh nagara asup,
kudu kuat pangjagana,
nu matak ku Arya Patih.
Balad golongan kadua,
kabagian nempuh ka Majapait,
ari golongan Katilu,
kapapancenanana,
Kaca:Babad Majapait.pdf/48
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
48