Ieu kaca geus divalidasi
kabagian kudu ngajaga kadatun,
katut ngaping Sri Nalendra,
nu masih linggih di puri.
Tumapel lir kabanjiran,
mungguh guyur saeusi Singosari,
jalma karaget tagiwur,
reh teu terang margana,
ujug-ujug rame bende kohkol lisung,
dikumpulkeun balad-balad,
eusi nagri taki-taki.
Durma
Kakocapkeun sabagian balad Tartar,
perejurit jaladri,
katut balad darat,
karumpul di Pacekan,
ti Surabaya teu tebih,
sabab sejana,
nempuh plabuan awit.
Saberesna ngatur-ngatur halna perang,
ngepung wadya Kediri,
eta balad-balad,
ngepung ti dua tempat,
ti darat reujeung ti cai,
teu lalawora,
nurut elmuning jurit.
Balad Jawa sayaga pada samakta,
sangkep parabot jurit,
parahu jeung kapal,
jumlah aya ratusna,
anu gede anu leutik,
dieusi balad,
taki-taki warani.
49