Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Beuki deukeut balad-balad urang Tartar,
nu ti darat ti cai,
barang kanyahoan,
ku wadya balad Jawa,
tetela nu nangtang jurit,
breg ditarajang,
lawan oge teu cicing.

Gancang males ka musuhna ngaralawan,
bareng sora perjurit,
ramena nu surak,
eundeur sa-Surabaya,
musuh lawan henteu gimir,
bari teu kendat,
nu nempuh nyeser wani.

Mariemna kadenge gegeledugan,
pelor mawur lir mimis,
kapal anu keuna,
rea anu cilaka,
parahu mah komo deui,
jeung pangeusina,
tilelep henteu kari.

Rame surak minuhan sa-Surabaya,
bareng jeung sora bedil,
katut mariemna,
teu tinggal tatabeuhan,
ngahayukeun maju jurit,
poek di medan,
ku haseup sarageni.

Tingburinyay cahya seuneu siga kilat,
tina kucubung bedil,
tina mariemna,
warani musuh lawan,
jiga teu aya kagimir,
silih deukeutan,

50