Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

beuki rame nu jurit.

Puluh ratus nu paraeh patulayah,
bangke patumpang tindih,
di cai di darat,
pada ruksak badanna,
sakabeh marandi getih,
sirah bareulah,
rea nu tigas pacing.

Puguh deui anu leungit anggahota,
leungeun suku laleungit,
anu panon muncrat,
anu beungeut kapapas,
warna-warna matak watir,
getih geus ngayah,
cilaut beureum hanyir.

Balad Tartar perang ngabanteng-bayangan
hantem ngangseg warani,
balad Jawa mapan,
sarta lila-lila mah,
najan leber ku kawani,
keukeuh teu tahan,
wantu dikepung jurit.


Geus mimiti balad Jawa boga wegah,
boga rasa katitih,
taya pangharepan,
reh ti hareup ti tukang,
musuh hantem ngubrak-ngabrik,
teu aya dangka,
Raden Patih muringis.

Reh kaerong taya bulu kana kuat,
tuluy mabur Ki Patih,
teu tolih ka balad,
atuh tambah ruksakna,

51