teu aya anu ngumendir,
atuh baladna,
nu kari tuluy ngacir.
Balad Tartar bungahna tanpa wangenan,
Surabaya kacangking,
jeung meunang rampasan,
parahu kapal barang,
jeung pakarang teu saeutik,
tinggal mawaan,
anu unggul mucekil.
Geus tarapti beberes di Surabaya,
tuluy mariang deui,
rek muru ka Daha,
nangkep Kartanagara,
sabab teu dibere warti,
yen eta Raja,
bareto geus lastari.
Enggeus pupus diganti ku Jayakatwang,
katipu akal lantip,
akal Wiraraja,
barangna keur di jalan,
reujeung utusan papanggih,
anu tiluan,
datang ti Majapait.
Nyaritakeun yen Wijaya mantu Raja,
seja sumerah diri,
taluk srah bongkokan,
malahan niatna mah,
seja nepangan sakali,
tapi halangan,
sabab Keur perang jurit.
Keur mantuan ngalawan ka Raja Daha,
tapi ngutus papatih,
Kaca:Babad Majapait.pdf/52
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
52