Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

reujeung pangiringna,
ngunjukkeun perjangjian,
jangji rek mayar upeti,
reujeung nyanggupan,
jadi tuduh jalan tanding.

Beuki bungah hatena balad Tangsoah,
tuluy deui arindit,
henteu kungsi lila,
datang deui utusan,
utusan ti Majapait,
ti Den Wijaya,
menta ditulung gasik.

Ku lantaran baladna keur mangsa eta,
enggeus ngarasa miris,
kasoran ku Daha,
lantaran dibongohan,
balad Tartar gusak-gasik,
henteu leleda,
ngungsi ka Majapait.

Barang datang tuluy bae tarung rongkah,
wedel ti Majapait,
da meunang bantuan,
Kediri sabalikna,
ruksak Daha Singosari,
tuluy kasoran,
nu unggul Majapait.

Sanggeus beres sarerea saradia,
sabab rek nempuh deui,
nempuh padaleman,
nangkep ’ Kartanagara,”
perejurit Majapait,
jeung balad Tartar,
bareng nempuh ngahiji.

53