Eta balad dibagi tilu bagian,
keur pangepungan puri,
kakocap di Daha,
kumpul wadia balad,
Daha reujeung Singosari,
kabeh sadia,
caringcing ati-ati.
Pucuk balad campuran ngadareukeutan,
urang Daha geus singkil,
musuh reujeung lawan,
geus ger ngadu pakarang,
ieu wani itu wani,
der campuh pisan,
pada narohkeun pati.
Silih tewek silih kadek silih tumbak,
silih jejek tampiling,
Prabu Jayakatwang,
hantem ngelek balad,
perjurit mangketi-keti,
maraju rampak,
lir ombak di basisir.
Rame surak ngaguruh minuhan Daha,
dibarung sora bedil,
sarta tatabeuhan,
ngungkung sora bendena,
ngahayohkeun maju jurit,
sora bedilna,
durdor asa kaindit.
Mariemna teu eureun gegelegeran,
pelor mawur lir mimis,
kakayon rarebah,
perjurit patulayah,
mayitna patumpang tindih,
54