Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

geus pasolengkrah,
nu maju beuki wani.

Musuh lawan nu maraot pirang-pirang,
nu hirup lain miris,
ngamuk tetekadan,
kadya banteng bayangan,
bari baloboran getih,
ngabar pakarang,
teu inget kana pati.

Bareng rampak maju narajang musuhna,
perjurit Majapait,
rebah lir ku caah,
paturay paburencay,
loba nu mundur nu nyisi,
bubar ngawiak,
diangseg dibeledig.

Pupucukna balad Majapait bedah,
bari marandi getih,
geus loba nu lumpat,
kalabur paburencay,
senapati Majapait,
jeung Tionghoa,
tarangginas tarapis.

Tuluy nitah bareng deui maju rampak,
bari sarurak tarik,
campuh deui perang,
sarua waranina,
taya saurang nu gimir,
mayit geus ngampar,
jiga babadan pacing.

Dina medan anu rada beulah wetan,
anu di sisi cai,
kacida ributna,

55