cai geus salin rupa,
geus beureum campur jeung getih,
mayitna rambang,
ting arangkleung di cai.
Najan rongkah rea balad waranian,
tatapi tangeh mahi,
reh dikepung pisan,
teu pisan bisa nyeunghap,
ku Maha Raja kagalih,
tangtu mo kuat,
eta teu jalir deui.
Rehna balad Majapait reujeung Tartar,
nu tilu gunduk tadi,
hantem pangberegna,
Daha teu meunang papan,
tungtungna pada mariris,
baladna ruksak,
rea nu tigas pacing.
Anu hirup kalabur ninggalkeun medan,
marubus ka nu buni,
geus teu nolih jungkrang,
tunggul catang dirumpak,
neangan geusan nyamuni,
di lebak-lebak,
ngahephep kawas peusing.
Kantun ewed Sang Parabu Jayakatwang,
sup lumebet ka puri,
tina balad ruksak,
kula wargi pramenak,
rea nu nemahan pati,
taya erongan,
kana salamet deui.
Sanyatana burudul teh balad Tartar,
Kaca:Babad Majapait.pdf/56
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
56