asup ka jero puri,
kota nu tohaga,
tapi kurang pangjaga,
atuh langkung suka ati,
Kapala Tartar,
anu katelah Sih Pi.
Nya kapaksa Jayakatwang teh sumerah,
henteu bisa sumingkir,
teu aya dayana,
pasrah jadi babandan,
dirampas saeusi puri,
tapi putri mah,
kapoosan teu hasil.
Ku lantaran ngarampas kapiheulaan,
ku Den Wijaya kesit,
praputri dicandak,
dirampas sakabehna,
dicandak ka Majapait,
Sih Pi teu terang,
wantu nyandakna rikip.
Malah aya saurang putra Sang Raja,
nu jadi senapati,
keurna perang rongkah,
ngejat ti medan perang,
ku lantaran geus ngagalih,
henteu kawangwang,
kana unggulna jurit.
Tatapina maksadna henteu tinekan,
sabab terus diberik,
ku Raden Wijaya,
tapi henteu bebeja,
ka utusan Tartar nagri,
sanggeus kabandang,
mulih ka Majapait.
Kaca:Babad Majapait.pdf/57
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
57