Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pangkur

Kacaturkeun balad Tartar,
sabadana nempuh kraton Kediri,
peuting-peuting oge muru,
ka Majapait datang,
seja nagih perjangjian nu kapungkur,
jangjina Raden Wijaya,
rek nyanggakeun putri-putri.

Nya eta mun unggul perang,
malahanan rek nyanggakeun upeti,
tali paranti nu taluk,
barang ngadangu beja,
yen utusan jeung balad Tartar carunduk,
Wijaya ewed manahna,
akalna henteu kagalih.

Lantaran ewed manahna,
heg badanten kabeh anu di puri,
kumaha sangkanna lulus,
mikir akal tarekah,
nu dicandak badanten sakabeh ngirung,
ngan Sora bae sorangan,
aya piunjuk ka Gusti.

"Mugi Gusti teu salempang,
urang Tartar ingkeun tanggungan abdi,
upami manehna cunduk,
keun keur abdi sorangan,"
Wiraraja enggalna harita nyaur,
"Leres paman oge nyangga,
ulah teuing dipigalih."

Teu lila utusan datang,
heg nyarita sejana nagih jangji,
ngala para putri ayu,
Wiraraja ngajawab,

58