"Eh ki silah muga sampean sing maphum,
ulah arek rurusuhan,
kudu rintih ati-ati.
Sangkan gawe henteu mubah,
ulah gugup aranjeun masing titi,
lamun henteu kitu lapur,
lantaran putri tea,
ayeuna teh masih baluas lalanjung,
sabab mangsa perang tea,
matak reuwas seber ati.
Katambah waktu harita,
para putri ningali prabot jurit,
eta matak gering lanjung,
kitu putri Jawa mah,
lamun anjeun nampa putri hayang mulus,
putri teu sakara-kara,
kula aya pameredih.
Ka sadaya omat pisan,
nu mapagkeun sareng nu ngaping putri,
di darat di kapal terus,
ulah nyandak pakarang,
kedah lengoh pakarang kedah dikantun,
kitu deui nu mapagna,
ulah rek nyandak pangiring.
Kedah gegeden sadaya,
tah eta teh perkawis dua rupi,
pamugi kedah diturut,
saupami henteu mah,
kajadian di ahir kuring teu nanggung,
margi upami dirempak,
putri-putri tegang pati.
Dibelaan pegat nyawa,
mo lebareun kana mariceun pati,
Kaca:Babad Majapait.pdf/59
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
59