ngunclungkeun maneh ka laut,
atawa jalan lian,
pigeusaneun nyiar pati mutus umur,
di dieu kitu galibna,
nurutkeun tali paranti."
Jawab nu jadi utusan,
ku lantaran bisana nu wawarti,
teu karasa yen ditipu,
da jiga enya pisan,
ku bisana binangkit ngatur pamulu,
ngareka ucap jeung peta,
panyinglar curiga ati.
"Leres pisan kasauran,
malah nuhun diwartosan nu sidik,
sim kuring moal murugul,
numutkeun sakeresa,
da mambrih ge seneng senang lulus mulus,
ulah kaduhung ahirna,
ayeuna mah neda idin."
Ayeuna sumeja mulang,
tangtos enjing sim kuring dongkap deui,
numutkeun laku pituduh,
tumut piwejang tea,"
tidinya mah utusan tuluy malundur,
anu kantun bararingah,
raos pamaksadan hasil.
Kocapkeun dina isukna,
rencang lebet Sora geus nyangking keris,
pintu karaton ditutup,
henteu meunang dibuka,
Kai Sora ngintip dina lawang agung,
baris liwatna utusan,
anu arek nyokot putri.
Kaca:Babad Majapait.pdf/60
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
60