Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Rangga Lawe henteu tinggal,
nyadiakeun mepek wadya perjurit,
ka luar kota rek muru,
nempuh urang Tangsoah,
rerencepan ka luar kota ngajugjug,
malah Rahaden Wijaya,
nyandak deui perejurit.

Eta wadia baladna,
susumputan ngajugjug ka Kediri,
sababna seja ngarurug,
urang Tartar di Daha,
jadina teh balad Tiongkok dikepung,
tapi jongjon henteu nyana,
yen dilingkung ku balai.

Caturkeun utusan tea,
sakabehna gegeden beunang meting,
teu mungkir jangji sarambut,
sakabeh ngalongkewang,
henteu mawa pakarang estu purutul,
barang eukeur ngeunah-ngeunah,
laleumpang di jero puri.

Henteu sangka teu curiga,
ana jol teh Sora ngalugas keris,
ngudag ka utusan nyebrut,
teu tata teu carita,
Ki Utusan kabeh barengong baringung,
henteu bisa walakaya,
wantu lengoh bari ketir.

Sora lir banteng bayangan,
Ki Utusan henteu bisa sumingkir,
taya nu dibere ampun,
hantem diudag-udag,
gampang pisan lir lauk di jero bubu,

61