Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

hantem kabeh disudukan,
musuh ripuh mandi getih.

Utusan dicacar bolang,
sakabehna enggeus marandi getih,
tungtungna pating rumpuyuk,
sora taya rarasan,
diperenkeun nyawana nepi ka lampus,
kabeh geus jadi babatang,
kakara Ki Sora seuri.

Pon kitu di luar kota,
ku lantaran dibokong teu caringcing,
urang Tartar teter ripuh,
henteu kasubadanan,
ku hal eta ngejat ngajugjug ka Canggu,
tapi balad-balad Jawa,
henteu ngantep ka nu ngacir.

Rangga Lawe sabaladna,
terus bae teu eureun ngabeledig,
nepi ka musuh kasusul,
sarta ger perang,
najan gagah urang Tartar pamuk pupuh,
tatapi saeutik balad,
nya angger bae katitih.

Nu perang anggeus-anggeusan,
jigrah pisan perjurit Majapait,
musuh teu dibere ampun,
hantem dicacar bolang,
dianggeuskeun musuh teh nepi ka tumpur,
medan pinuh ku babatang,
kadia babadan pacing.

Lemah Canggu robah warna,
jadi beureum turta hangru ku getih,
perjurit nu masih hirup,

62