dalah teu tatu pisan,
awak reujeung pakarang ku getih pinuh,
ku lantaran kasebrotan,
komo tumbak pedang keris.
Geus beres cacap maksudna,
tuluy mulang bari ngadago warti,
beja nu ka Daha nempuh,
sarta sasadiaan,
bok bisina aya pamundut pangbantu,
balad bantuan sadia,
jadi moal hese deui.
Kocap balad Den Wijaya,
gesat-gesut indit ti Majapait,
ka Kediri rek ngarugrug,
nempuh urang Tiong Hwa,
nu dirurug kageteun ribut tagiwur,
teu nyana rek datang lawan,
estu teu gugur teu angin.
Eta musuh balad Daha,
nu geus kumpul jeung baturna ngahiji,
samiuk ngarebut Ratu,
sarta reujeung rajana,
geus patepung badami jalan ngarebut,
kitu piakaleunana,
tur taya erongan deui.
Kana unggul deui perang,
Jayakatwang katut putrana hiji,
teu pisan dibere ampun,
dek bae ditelasan,
geus kitu maranehna teh kalabur,
marawa barang rampasan,
ka palabuan ngarungsi.
Tapi hantem diarudag,
Kaca:Babad Majapait.pdf/63
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
63