ku perjurit nagara Majapait,
tetep Wijaya pamanggul,
sapanjang-panjang jalan,
hantem bae henteu weleh dikurubut,
balad-balad Tartar ruksak,
sedih senapati Sih Pi.
Kapaksa ngalawan sabar,
henteu wani ngalawan nu ngaberik,
ku tina henteu kauntup,
ngalawan jalan atar,
nya teu burung bisa daratang ka Canggu,
tempat barisan lautna,
tatapi geus runtang-ranting.
Estuning baladna ruksak,
rea pisan anu kasambut jurit,
barang datang anu nyusul,
ger deui bae perang,
tatapina ku urang Tartar kamaphum,
dilawan taya pedahna,
tinangtu baladna ledis.
Tina ku lantaran eta,
bari mundur ngalawan ati-ati,
nungtutan kana parahu,
bari maraju nengah,
henteu kendat ku musuh hantem diburu,
diturugtug dipanahan,
dibandring reujeung dibedil.
Rea kapal anu bejad,
jelemana tingkerebek di cai,
parahu oge pon kitu,
rea nu karem pisan,
pangeusina milu cilaka kalebuh,
itu ieu nu katewak,
tinangtu nemahan pati.
Kaca:Babad Majapait.pdf/64
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
64