Beuki lila beuki nengah,
parahuna kapalna reujeung rakit,
teu tepi ku pelor musuh,
perangna geus lekasan,
nu tetela balad Tartar ruksak langkung,
taya pupurieunana,
nu marulang wungkul sedih.
Tambah-tambah nya ngahelas,
sabab barang datang ka Tartar nagri,
Ratuna bendu kalangsu,
pedah kasoran perang,
ku hal eta sakabeh anu tas pupuh,
taya anu dihampura,
pada diharukum pati.
Nu salamet ngan saurang,
enya eta ki senapati Kow Sing,
ku tina kaburu kabur,
kakocap balad Jawa,
barungaheun marulang perangna unggul,
komo Rahaden Wijaya,
raos laksana panggalih.
Dangdanggula
Sanggeus peren peperangan tadi,
Raja Daha sinareng putrana,
geus mulih ka Rahmatuloh,
Raden Wijaya kantun,
anu unggul jeroning jurit,
nu palay jadi Raja,
ayeuna rek makbul,
wungkul nunggu diistrenan,
da geus taya anu baris nyisikudi,
ngahalang kapalayna.
Barang datang wanci nu mustari,