Den Wijaya tuluy diistrenan,
gancangna geus madeg bae,
madeg ratu pinunjul,
Ratu agung di Majapait,
Raja sa-Jawa-wetan,
sakabeh tarunduk,
barang-barang upacara,
ti Kediri ti Singosari dikerid,
kumpul di dayeuh anyar.
Majapait nagri anyar seungit,
kakoncara ka manca nagara,
lir bentang keur bulan poek,
anu kawit beh ditu,
pileuweungan nu rembet rumpil,
heg jadi pilemburan,
pilemburan singkur,
babakan di pileuweungan,
nu cacakar nya Raden Wijaya leuwih,
tuluy jadi rajana.
Sanggeus jadi Raja Majapait,
dina waktu nuju diistrenan,
kakasih tuluy digentos,
tumut adat babaku,
luang lumrah para narpati,
pon kitu nu lianna,
lamun unggah lungguh,
ilahar di mana-mana,
geus biasa osok diganti kakasih,
ari jujuluk Raja.
Sri Nalendra Ratu Majapait,
Kertarajasa Jayawardana,
kaceluk leber wawanen,
aya deui nu nyebut,
Bra Wijaya anu kahiji,
Kaca:Babad Majapait.pdf/66
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
66